Ngurus Lembur, Ngolah Daerah, Kudu Babarengan

- 15 Agustus 2022, 09:09 WIB

SANAJAN urang boga kapinteran, tepi kabisa ngurus bumi, ngapak mega ngawang-ngawang lumampah ka jomantara, ceuk paribasana, salagi kasebutna jalma keneh moal bisa hirup sorangan. Naon sababna, ari jalma teh mahluk sosial anu silih merlukeun jalma sejen. Malah hadena mah urang teh kudu silih simbeuh ku kadeudeuh tur silih pairan kukaasih enggoning hirup kumbuh di alam pawenangan ieu.

“Kahade Tong, ulah kena-kena andika ayeuna keur jeneng nulak cangkeng dina punduk, lebah milampah kahirupan sosial mah tetep merlukeun pangrojong jalma rea. Najan eta pangrojong atawa pangdeudeul teh ukur ku congo poloy, tapi tetep aya mangpaatna. Ulah dianggap sapele...!” ceuk Mang Suadma, mepelingan ka Si Otong.

“Aya kitu Mang, pangagung ngaraos  edeg nulak cangkeng dina punduk? Kinten-kinten di daerah mana pangagung sapertos kitu teh?” tanya Si Otong, panasaran.

“Ceuk saha euweuh, ngan reareana di lembur batur da di daerah urang aya baturna, jigana,” walon Mang Suadma.

“Ciri-cirina kumaha pangagung sombong teh? Apanan abdi mah tikapungkur ge teu robih, malihan jabatan ge teu ised-ised, pidoana bae bae ti Mamang, ulah dugi  janten pangagung anu bedegong,” omong Si Otong.

“Cira-cirina gampang, piraku euweuh. Buktina karek beda partey dianggap teu sapamadegan, beda kelompok teu dipikaresep, nu sejen paham jiga nu buluar-balieur, nya pedah naha?” tanya Mang Suadma.

“Mudah-mudahan Mang, abdi hoyong istiqomah enggoning milampah padamelan teh sanaos ayeuna masih keneh janten pagawe handap. Saterasna abdi kedah kumaha?” Si Otong malik nanya.

“Heueuh ari jeung papada kaula ulah ngarasa aing pangpunjulna, ari nu diakomodirna anu saidolohi bae. Geuningan kanu  beda pamadegan mah jiga nu apilain bae. Sugan ari hirup teh cukup ku sorangan, komo ngawangun lembur, ngolah daerah mah kudu babarengan tur  loba batur kalawan sauyunan. Lain kawas nenjo kadal, resep henteu, musuh lain, nu model kitu sugan matak jongjon hirupna teh,” ceuk Mang Suadma, panjang lebar.

“Leres oge nya Mang, komo upami urang keur dipercanten ngurus nagara katut rahayatna, kedah langkung akomodatip sareng saha bae,” tembal Si Otong.

“Atuh heueuh, sugan ari ngurus lembur ngolah daerah teh cukup ku sorangan atawa ukur ku lima SKPD. Tapi ku sarerea, masing eta jalma warugana deog boh pengkor tetep kudu dianggap kanca urang da pasti aya uruh-araheunana. Da mobil impala anu sakitu mewahna, lamun pentilna euweuh sasiki,  eta kandaraan moal bisa jalan. Mana komo ka jalma normal, sakumaha bodona ari dihewaan bae mah bakal jadi cucuk, najan ukur cucuk lauk bilis anu panglembutna, tapi ari nyelap tur nyocogankana awak urang, bisa jadi saumurna bakal karasa cas-cos,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah