Sabulangbentor: Angka Kamiskinan Turun, Ka Saha?

23 Juli 2023, 17:56 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Cak salahsarang pangugung, baruk teh di daerah urang taya kenaikan angka kamiskina, aya oge penurunan angka kamiskinan.

Keur Mang Suadma mah, rek turun atawa rek naek taya pangaruhna, da buktina jenuk keneh jalma nu teu mampuh neruskeun sakola.

Malahan lain ukur teu mampun nyakolakeun budak ka lembaga pendidikan kanu leuwih luhur.

Baca Juga: 136 Jemaah Haji KBIH SI Kuningan Peroleh Piagam Haji

Dalah hayang balanja ka toko swalayan atawa ka super market teu nitih satengah taun sakali. Dhoh..... sugan mah.

Asa tibaheula ngadenge nu miskin diadurenyomkeun teh nya Tong. Kumaha pamaksudanana?” tanya Mang Suadma.

“Maksadna, ah moal diwartoskeun da bongan Mamang mah upami waleran abdi kirang ngepas sok teras bae emosi,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Peringati Tahun Baru Islam 1445 H Gapai Ridho Allah Swt

“Baruk teh emosi pedah naha? Adatna we pabentar paham mah itung-itung tukeur elmu panemu, jampe pamake, kitu lain?” Mang Suadma malik nanya.

“Nya leres kana kituna mah, mung hapunten upami dina gunemcatur ieu teu sapagodos sareng pamadegan Mamang, ulah nyewot,” cek Si Otong.

“Di alam demokrasi mah adatna beda kamandang jeung pamadegan teh. Sabab lamun sairama, sarua jeung bebek nu keur baris digiringkeun ku budak angon,”omong Mang Suadma.

Baca Juga: Sabulangbentor: Ngudag Haliah Dunya Beuki Tambah Menit

“Eta Mamang ari nyarios mani tandes-tandes teuing. Saena Mamang mah janten jalmi pulitik,” cek si Otong

“Kaula mah teu ngarti kana urusan pulitik teh, sabab cek tukang pulitik mah, dua kali dua lain opat, tapi kumaha kersana,” jawab Mang Suadma.

“Naon buktosna, tiasana Mamang nyarios kitu teh?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Balon Gubernur Jabar Yakinkan Agar Lebih Baik Memilih Pemimpin Duda daripada Banyak Istri

“Baruk di lembur urang teh nu miskin ngurangan, ongkoh lowongan gawe nambahan, tapi kahirupan karasana seuseutna, aneh ka mah,” cek Mang Suadma.

“Naon hartosna eta teh Mang?” Si Otong malik nanya.

“Anjeun mah karek dibere pangajaran paribasa sunda seuseut alahbatan neureuy keueus bae ngahuleng. Hartina hese beleke enggoning milampah kahirupan.

Baca Juga: Penerimaan PPDB Sistem Zonasi Antara Harapan dan Kenyataan

Leuwih-leuwih jalma miskin, hayang kahirupanana rada ised karasa pisan eungapna. Padahal gawe mah kudu kumaha, belaan suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.

Indit lain wanci, datang lain mangsa pikeun nyiar pangupa jiwa tapi hasilna teu sabaraha.

Komo nu teu boga pacabakan matuh, tangtu hirupna bakal leuwih ti ripuh anu ahirna nimbulkeun kamiskin, najan cek pejabat angka kamiskinan diurang rutun,” cek Mang Suadma, panjang lebar.

“Mamang yakin yen angka kamiskinan di lembur urang turun?” tanya Si Otong

“Yakin pisan turun. Malah cek Wa Jono mah, kamiskinan di lembur urang kasebutna turun, nya turun ka saha? Sugan turun ka anakna. Sasapaan teuing.....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler