Sabulangbentor: Ulah Mikiran Mutasi, Gawe Nu Bener

30 Agustus 2023, 20:29 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Kawas nu kakara, unggal aya beja rek mutasi sawatara pagawe aya nu teu puguh rarasaan, tapi aya oge nu biasa-biasa bae (najan dina jero hatena mah) angger ketar-ketir bisi katinggaleun mubus, cek paribasana.

Cenah jeung baruk nu bakal dimutasi jumlahna leuwih loba dibanding jeung nu enggeus-enggeus. Sabab aya sabaraha kantor/SKPD anu kapalana di-PLT-keun. Cindekna jenuk peluang keur nu baroga eselon mah.

“Bejana rek aya mutasi gede-gedean, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: 130 Tiang PJU Dikirim ke Gudang Panawuan, Kuningan Caang akan Dimulai dari Kelurahan Cigugur

“Mireng wartos mah sapertos kitu, malihan pejabat ti mimiti eselon handap dugi ka eselon luhur bade dikucek, margi seueur kakosongan jabatan anu kedah dieusi,” walon Si Otong.

“Ari maneh rek kabawa promosi atawa kumaha, betah keneh sugan jadi pagawe handap teh?” tanya Mang Suadma.

“Abdi mah sanes pejabat struktural Mang, namung padamel pungsional tur janten stap keneh, timimiti diangkat dugi kawari teu acan ised-ised nyalikan korsi jabatan!” jawab Si Otong.

Baca Juga: Dalam Usianya yang Ke-15, STIKes Muhammadiyah Kuningan Gelar SFCo

“Nya pedah naha, batur saiyangan (saangkatan) geus diarangkat, aya nu jadi pejabat struktural, saperti Kasi pon kitu Kabid jeung saterusna,” tembal Mang Suadma.

“Mana kitu ge teu acan dugi kana waktosna, Mang. Tenang bae atuh seueur keneh nu senior ti abdi,” walon Si Otong, ngarerema maneh.

“Nya kudu ihtiar atuh, teu ditarekahan mah meureunna bakal ngendog bae saendengna,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Bank Kuningan Diganjar Penghargaan Nasional Infobank BPR Awards

“Atos eta ge, mung teu acan aya guratan tangan, kitu manawi Mang. Ah… Mamang mah sok balangbatan kana mutasi sagala rupi,” walon Si Otong, motong carita.

“Heueuh… nya Tong, eta balik deui kana bag-bagan mutasi, saha bae anu bakal keuna rotasi atawa nu rek dipomosikeun teh?” tanya Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, abdi teu terang. Biasana upami tos caket kana mutasi sok seueur pejabat nu panas tiris, margi posisina teu acan kantenan tea,” omong Si Otong.

Baca Juga: Pemkab Kuningan Buka Pendaftaran Seleksi Calon Direktur Perumda Air Minum (PAM) Tirta Kamuning

“Heueuh pejabat teh kumaha rarasaanana, ulah mikiran teuing mutasi atuh kamenit-menit. Anggursi gawe bae nu bener, kumaha carana sangkan kapake ku rahayat jeung dipikaheman ku dunungan.

Lain lumat-lamot jiga nu teu percaya diri, justru kudu nembongkeun kamampuhan sorangan enggoning ngalaksanakeun tugas pingpinan. Sugan we kaparengkeun katotol kunu boga kakawasaan, teu kudu bingung.

Pagawe model kitu mah teu PD, bisa jadi taya kabisa, bisana ukur lalamot. Tapi nu gawena bener, jujur, pinter, mibanda kompetensi mah masing rek aya mutasi unggal usik ge moal matak galideur,” walon Mang Suadma, panjang lebar.

Baca Juga: PJU yang Ada di Desa Bisa Dipindahkan Tanpa Dipungut Biaya, Warga Diminta Mengawasi Program Kuningan Caang

“Punten Mang, saupamina parantos ngalaksanakeun sakumaha anu disebatkeun ku Mamang tadi, eta pagawe bakal kacandang mutasi atanapi promosi jabatan kitu?” tanya Si Otong.

“Eta mah mangga, tanya pada rumput yang bergoyang!” jawab Mang Suadma, teu kebat nyarita. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler