Sabulangbentor: Niatna Salah Gawena Oge Pasti Nyalahan

5 Maret 2024, 06:29 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Jigana kangaranan manusa parahi hayang kataekan ku haliah dunya, saperti kalungguhan (jabatan) atawa miboga harta banda saayah-ayah. Atuda ngarana ge manusa, salagi tacan nyanghulu ngaler mah tacan disebut sampurna.

Salagi kumelendang keneh di alam dunya, pasti hararejo keneh kana haliah dunya mah. Entong boroning anu belekesenteng keneh tur jeneng nyangking kalungguhan. Dalah nyawa geus dina tikoro oge, aya keneh anu tacan ihlas. Hartina, eta teh bogoh keneh kana urusan dunya. Nauzubillahimindzalik....!

“Atuda ari urusan dunya mah moal aya tungtungna, nya Tong? Geus boga sadeupa hayang dua deupa, geus boga mobil hiji hayang leuwih ti hiji, jeung saterusna. Jigana salagi jalma ambekan keneh mah moal aya seubeuhna, kana urusan pangaboga!” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Harlah ke-38 Pagar Nusa di Kuningan Konsisten Menjaga Marwah Kyai dan NKRI

“Atuda namina ge haliah dunya, teu sepuh, teu anom, sami bae. Malihan tambah sepuh kalah ka tambah sarakah, sanes ge tobat ka Pangeran. Peupeuriheun harita nuju jagjag keneh teu sagala kabujeng, nya Mang?” omong Si Otong.

“Nya heueuh atuh, andika ulah ukur pinter ngahuntu, tapi buktikeun dina kahirupan sapopoe. Komo anjeun mah leutik-leutik ge boga eselon, masing eselon nu panghandapna oge.

Apanan isuk jaganing geto kaparengkeun jadi pejabat atawa eselon luhur, kahade ulah abong kena keur jeneng tur dipercaya, tepi ka poho kana bebener luyu jeung aturan nagara katut agama,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Suara Paling Buncit tapi Demokrat Kuningan Ketiban Untung, Diprediksikan 1 Kursi di Dapil 1

“Leres pisan Mang, ngan abdi sok kabita upami rerencangan pating terekel unggah kalungguhan (jabatan), lebah abdi batur saiyangan (saangkatan), teu ised-ised. Duka kumaha eta ari kitu teh, komo upami ningali nu sahandapeun tos unggah eslon hanas abdi cindeten bae di eselon rendah, asa kahieuman bangkong, cek paripaosna,” tembal Si Otong, curhat ka Mang Suadma.

“Wayahna sing shobar, Tong. Ngan kahade bae Mamang rek wasiat ka anjeun, lamun hayang nyaking kalungguhan atawa boga cita-cita hayang loba harta, niat awalna kudu hade. Atuh hade cek agama pon kitu hade cek darigama (hade dumasar kana aturan pamarentah),” cek Mang Suadma.

“Oh... kitu nya Mang?” tanya Si Otong. “Atuh nya heueuh! Sabab lamun urang ngudag-ngudag kahayang niatna geus salah, pasti dina gawena oge bakal nyalahan. Yeuh Tong, cacakan anu mimitina niatna hade oge teu sakara-kara sok keulat panyakit rohani anu bakal ngarugikeun diri sorangan pon kitu balarea.

Baca Juga: Kantor Pemda Kuningan di KIC akan Kembali Dibangun dengan Dana Rp9,8 M tapi Masih Kurang Rp500 Juta

Saking ku hayang-hayangna ngahontal kasenangan dunya antukna sagala cara dihalalkeun, lamun eta jalma geus kaeuntreupan niat goreng. Numatak niat hade anu tujuanana nyangking kalungguhan teh miharep karidhoan Alloh, eta niat hade kudu dijaga salawasna.

Anu awalna niat hade oge kalan-kalan bisa kausap memedi (jurig) anu ahirna mengpar tina udagan tiheula (niat bener). Mana komo anu hayang boga kalungguhan niat awalna geus salah, pikeun memperkaya diri upamana, dipastikeun dina lalampahanana oge loba salahna tibatan benerna. Bisa cilaka dua welas, cek kolot tea mah. Malah bisa saditueun ti cilaka dua welas,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News 

 

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler