Sabulangbentor: Mutasi Pulitik VS Mutasi Propesional, Eleh Endi?

- 29 Agustus 2023, 10:49 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/


KABARCIREBON - Tiap kabopten/kota tangtu mibanda kabijakan masing-masing enggoning ngalaksanakeun mutasi jeung promosi, gumantung selera penguasa nu aya di eta daerah.

Tapi nya kitu, najan kaputusan aya di pucuk pimpinan, da keukeuh kangaranana gusar-geser jabatan teu weleh mawa kareuwas, hususna keur nu rek dimutasi.

Naha geuningan unggal rek aya mutasi jenuk nu ketar-ketir? Baruk ari mutasi/rotasi teh, luyu jeung kabutuhan organisasi pamarentahan, geuningan aya keneh jiganu rareuwas? Jah…., endi nu bener…!

Baca Juga: Pemkab Kuningan Buka Pendaftaran Seleksi Calon Direktur Perumda Air Minum (PAM) Tirta Kamuning

“Sakumaha anu dikedalkeun dina pidato, mutasi atawa promosi teh eta hal biasa demi penyegaran kalawan luyu jeung kabutuhan organisasi pamarentahan.

Numatak lamun aya mutasi atawa rotasi jabatan bejana ulah sok digede-gedekeun sabab ari ngamutasikeun jeung mromosikeun jabatan teh hasil kaputusan anu kudu dipertanggungjawabkeun, cek urang BKD tea mah,” omong Mang Suadma.

“Geuningan Mamang mah nyarios mutasi sareng promosi teh sapertos pejabat bae?” tanya Si Otong.

Baca Juga: PJU yang Ada di Desa Bisa Dipindahkan Tanpa Dipungut Biaya, Warga Diminta Mengawasi Program Kuningan Caang

“Sakali-kalieun atuh Tong, Mamang ge hayang ngomong gaya pejabat. Najan purah ngendong (meuting) di pos ronda oge, nyaho ari kana nu bener mah,” jawab Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x