Sabulangbentor: Sakola Jeung Kulawarga Ulah Silih Teumbleuhkeun

- 5 Oktober 2023, 12:24 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Bareto mah tara kacaturkeun aya budak ngalawan ka guru, komo bari jeung nandasa sacara pisik, tacan kadenge. Malahan lamun aya murid anu gogol ka kolotna pedah disintreuk ku guru alatan eta murid bantongor, da tara digugu ieuh ku kolotna oge.

Malahan lain dipangmilukeun, tapi meunang panyarek ti kolotna, leuwih ti kitu tambah dikaplok ku bapana oge. Padahal harita mah tingkat intelektual tenaga pendidikan jeung rahayat pada umumna kawilang rendah.

“Jaman Mamang sakola harita, murid teh bener-bener tuhu ka guru, taat kanu jadi kolot. Tapi ayeuna, anu katelah jaman moderen, kabehanana geus palalinter, aya keneh murid nu teu hormat, anak ngalawan ka kolot, jeung papada kanca teu kaopan, gampang emosi jeung sajabana anu matak ngabalukarkeun balai,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Pendidikan Karakter Di Sekolah Wilayah Kuningan Harus Lebih Diperkuat

“Rupina pangaruh jaman, Mang. Malihan dampak tina alat teknologi komunikasi sapertos HP oge ageung pangaruhna kana kahirupan para siswa. Duka abdi ge heran, kunaon tiasa kitu?” tanya Si Otong.

“Numatak kaula ge bingung, da baheula mah tatakrama murid ka guru teh kacida hormat tur pinuh ku sopan santun. Apanan aya dina paribasa, guru ratu wong ngatua karo. Ngandung harti ari guru teh ibarat kolot ka dua alias gaganti indung bapa nu aya di sakola. Numatak budak baheula mah ka kanu jadi guru teh kacida hormatna, jajauheun kana ngalawan teh,” cek Mang Suadma.

“Naon bentenna jaman kapungkur sareng ayeuna. Apanan konsep pendidikan mah manawi sami nu kapungkur sareng alam kiwari oge. Atuda bilih kapungkur mah teu acan aya pangaruh budaya deungeun. Sapertos pintonan dina layar kaca, pangaruh pilem atanapi tayangan anu henteu ngadidik. Komo upami ngagugulukeun Medsos mah anu teu acan leres henteuna apanan eta teh mangrupi kendala kanggo ngatik sareng ngadidik putra, manawi Mang,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Bulliying Kembali Terjadi di Kuningan, Kali Ini Diduga Korban dan Pelaku Adalah Siswa Satu SMP

“Tapi kahade ulah nyalahkeun guru, Tong. Memang ngatik reujeung ngadidik teh kawajiban guru, tapi nu leuwih wajib tur utamana indung bapana,” tembal Mang Suadna. “Apanan tiasana kolot masrahkeun budak ka guru/sakola oge sangkan kenging atikan reujeung didikan anu hade, da kolot mah sakitu buktosna Mang,” cek Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x