Sabulangbentor: Sakola Jeung Kulawarga Ulah Silih Teumbleuhkeun

- 5 Oktober 2023, 12:24 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Eehh maneh mah lalawora ari nyarita teh. Pikir ku silaing, guru ngajar siswa ukur 8 (dalapan) jam, nu panglilana budak aya di imah nu matak indung bapana anu boga tanggungjawab gede keur ngawuruk, ngawarah, mere atikan reujeung didikan ka barudakna. Ulah sok silih teumbleuhkeun, pamali.

Apanan cek dina katerangan oge, mertelakeun, prak geura jaga kulawarga anjeun tina siksa api naraka! Hartina indung bapa sajeroning rumah tangga wajib mere atikan reujeung didikan agama nu leuwih jembar pikeun kasalametan sarta kabagjaan kulawargana luyu jeung parentah agama katut dirigama.

Baca Juga: Bupati OKU Timur Ngiri karena Sekjen Kemensos Melakukan PKS Penganduan Masalah Sosial dengan Kuningan

Lain silih teumbleuhkeun, cek kulawarga tanggungjawab sakola, cek sakola tanggungjawab kulawarga, cek kulawarga katut sakola pangaruh lingkungan. Antukna lingkungan oge teu rumasa disalahkeun, padahal pendidikan mah tanggungjawab sarerea,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah