Sabulangbentor: Cenah Jeung Baruk Gajih Direktur 100 Yuta

- 5 Oktober 2023, 22:21 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Hayang boga gajih gede pikeun pagawe mah kudu ngaliwatan proses anu kawilang panjang. Da bisa kaukur atuh, gawe ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk gedena gajih geus kaukur.

Najan gajih bulanan sa-anu ditambah tunjangan, tangtu geus kareken. Kitu soteh lamun lancar katarima unggal bulan (tunjanganana), lebah genep bulan can kabayar, apanan keur nutupan kabutuh sapopoe kudu jubrag-jabrug, nginjeum kaditu, amprah kadieu. Dhoh.... sugan mah.

“Naha andika teu milu daptar jadi calon direktur, nya Tong? Sugan teu kabita ku pangasilan anu sakitu saditueun ti muncekilna?” tanya Mang Suadma. “Ngiringan daptar naon nya Mang, apanan sakaemut abdi parantos rengse. Malihan parantos dilalantik deui sareng pejabat sanesna. Berarti Mamang ngawartosan abdi kedah daptar janten calon direktur sami sareng kaborosan,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Ingin ke Gedung Naskah Linggarjati Kuningan, 6 Siswa Malah Terluka Akibat Angkotanya Tabrakan

“Kaula mah lain anjeun kudu daptar calon direktur ayeuna, da puguh geus kaliwat. Atuh waktu harita keur meumeujeuhna usum pendaptaran lain ngawanikeun maneh milu daptar kawas batur. Sugan we aya jurig tumpak kuda,” omong Mang Suadma.

“Hapunten Mang, abdi mah sanes keok memeh dipacok atanapi alim ngiringan bursa direktur. Margi abdi mah rumaos waktos aya pendaptaran henteu gaduh sarat-sarat husus kanggo ngiringan janten calon direktur. Saratna benten sareng nyalonkeun katua RT anatapi katua RW. Eta mah cekap ijasah biasa bae ge tiasa, kitu manawi Mang,” tembal Si Otong.

“Heueuh nya Tong kana kitu namah mah, tapi lamun andika maksakeun oge mangsawurung bisa, nu penting boga pasaratan luyu jeung katangtuan anu jinek. Naon hesena kudu nyumponan pasaratan anu dikudukeun, andika mah kawas lain intelek tual bae,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Perbup PAM Tirta Kamuning Bisa Dicabut oleh Bupati Kuningan, Ini Cara Pembatalannya

“Mangga eta mah kanggo nu sanes bae, anu garaduh pasaratan luyu sareng katangtosan anu laku. Abdi mah alim ngisinkeun bilih isuk jaganing geto sajeroning perjalanan aya permasalahan di perusahaan bade kumaha ngungkulanana saupami henteu didukung ku kapinteran, kaparigelan teknis sareng pangalaman sajeroning ngokololakeun perusahaan tea. Kitu manawi Mang,” jawab Si Otong panjang lebar.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x