Sabulangbentor: Ngudag Gajih Gede Atawa......?

- 8 Oktober 2023, 18:58 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Seleksi calon pingpinan lekasaran (parele) tepi ka dilantikna nyangking kalungguhan di hiji pausahaan. Ngan cek beja dina media, proses ti mimiti pendaptaran tepi ka ditutupna waktuna teh neyerelek pisan. Malum aya dina paribasa, lebih cepat lebih baik, ikan sepat ikan gabus, lebih cepat lebih bagus. Sugan eta ge, dhoh...!

“Parele hajatan teh nya Tong? Geuning teu kecet-kecet, sukur atuh ari bareres mah,” cek Mang Suadma. “Parele naonana Mang? Nya... kitu manawi, sakitu parelena. Ayeuna kantun beberesna bae,” tembal Si Otong. “Beberes kumahana, ujug-ujug ngajawab beberes bae, naon anu kudu diberesanana? tanya Mang Suadma.

“Eta tadi Mamang nyarios parele, iraha atuh parelena? Nu penting mah asal ngagorolong bae, Mang,” jawab Si Otong. “Kaula mah asa menit nanya ka maneh, asa teu nyararambung. Kaula nanya sual seleksi geuningan jawabanana jiga nu sasawangan,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Baznas Kuningan Raih Juara 2 Lomba Ziswaf Unggulan Se-Pulau Jawa Pada Festival Ekonomi Syariah Bank Indonesia

“Oh... Perkawis seleksi tea, urang mah sebagai pelanggan kantun ngararaoskeun pelayanana bae. Naha langkung sae atanapi angger bae, namung kahade bae ulah langkung buruk. Kitu bae manawi Mang, ulah waka suudon,” tembal Si Otong. “Atuh heueuh, da urang mah sebagai pengguna jasa, ari nganilai kinerja teh kumaha tapakna,” tembal Mang Suadma.

“Eta mah teu langkung penilaian sakumna rahayat, kalebet Mamang, mangga raraoskeun bae,” cek Si Otong. “Ari kaula mah kumaha rek bisa ngarasakeunana langganan oge hanteu. Najan kitu, Mamang mah meureunan kaasup anu lalajo bae. Lain teu hayang boga pasilitas cai, ngan teu kabual keur mayarna, uyuhan bisa udud oge, lamun teu buburuh koprek, nya moal nyerebung,” cek Mang Suadma.

“Ongkoh teu ngalanggan tapi kunaon make turas-taros perkara eta pelayanan?” tanya Si Otong. “Pikeun kaula mah madia teuing da teu jadi pelanggan ieuh, kumaha bisa ngarasakeun pelayanan. Ngan bae cek beja, geuningan aya keneh nu pro jeung kontra tina eta proses, timiti pendaptaran tepi ka dilantikna? Asa teu ngarati Ka, mah,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Universitas Kuningan Jalin Kerja Sama dengan Universitas Brawijaya

“Manawi adatna di alam demokrasi mah benten pendapat teh lumrah,” cek Si Otong. “Cek Mamang mah nu bodo, lain beda pendapat, tapi anu matak genjleung teh beda pendapatan. Naha nu harayang nyangking kalungguhan di eta pausahaan teh ukur ngudag-ngudag pendapatan tur gajihna gede atawa rek ngamalkeun kabisa luyu jeung kasang tukang (latar belakang) elmu teknis anu kapimilik?.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x