Sabulangbentor: Mapag Pilihan, Mutasi Pacampur Jeung Pupulitikan?

- 27 November 2023, 18:32 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Unggal aya mutasi jeung promosi, pasti rea pagawe nu ngarasa diteungteuinganeun. Najan hareupeun mah muhun-muhun, mangga-mangga, padahal hatena mah asa ditujah kuda. Ngan bae teu wasa rek wakca jeung balaka teh, ngan bae matak mangaruhan kana kasumangetan kinerja.

Atuda kumaha rek merenahna geura, lamun tukang rebab dititah kudu maen gendang. Pon kitu tukang bonang diparentah nabeuh goong, lebah kuduna blaktuk atawa badubangplak, ari heug teh ngeplos lantaran goong gendang iramana sewang-sewangan, cek paribasana. “Jigana aya relepansina nya Tong lamun dikuat-kait jeung mekanisme penempatan birokrasi di lembur urang!” cek Mang Suadma, ngabalibitan.

“Tangtos aya patula-patalina eta gambaran teh atuh Mang, margi endahna wirahma ku kakompakan para nayaga tur luyu sareng kaparigelanana. Sanes dikucek tepi ka pamaenna oge ngaraos saheuhah, mana komo kanggo nu lalajo, tantos disaditueun ti menit. Kitu manawi Mang,” jawab Si Otong, rada rasional.

Baca Juga: Tim Akselerasi Kuningan Kabupaten Pendidikan Tahun 2023 Dikukuhkan Bupati

“Bener andika geuningan, ayeuna rada cerdas, bareto mah sumuhun dawuh bae ari kanu boga wewenang teh. Beda ayeuna mah aya heabna, Mamang mah curiga,” cek Mang Suadma. “Teu kedah curiga, abdi mah ti kapungkur ge kitu, ka Mamang mah. Teu wantun nyarios soteh pedah we ka atasan bilih dipinalti,” cek Si Otong.

“Nya heueuh atuh ayeuna mah tarimakeun bae, da lain gawe di nenek moyang sorangan. Urang mah kumaha diaturna bae. Ngan nya kitu, ulah pedah keur boga wewenang, ulah sawenang-wenang kahayang teh. Kudu ngarampa kana hate batur, cek sorangan asa pangberesihna mah apanan ceuk nu sejen mah, endi atuh.

Bisana rariceuw bae teh apanan balukar kabijakan anu nguntungkeun jalma saeutik. Sedengkeun rereana, naha ngarasa merenah hatena? yakin jenuk nu gugulunuk. Da ka anak jeung pamajikeunana mah cumarita panjang lebar, kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Ah ... duka atuh, abdi mah heurin kuletah. Eta mah teu langkung Mamang, abdi mah tantos sapamadegan sakumaha anu dikedalkeun ku Mamang,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Anggota PBSS Kuningan Masuk 10 Besar Lulusan Terbaik Wasit & Juri Pencak Silat Jabar, Ini Daftar Terbaiknya

“Atuda kieu Tong, andika apanan apal situasi jeung kondisi kiwari. Apanan ayeuna teh mangsa mapag pilihan. Lamun nu boga wewenang teu merenahkeun jalma anu bakal dijadikeun tatapakan keur ngalengkahna engke, ayeuna pisan kasempatanana.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x