Sabulangbentor: Ngudag-Ngudag Jabatan Belaan Bedol Desa

- 28 November 2023, 19:16 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Baruk teh neangan gawe alam kiwari nya hese beleke. Beda jeung bareto, kaluaran sakola rendah ge bisa jadi pagawe naon bae, asal daek. Malah kolot baheula, lamun anakna rek gawe nu rada anggang ti imah, sok diceungceurikan. Pajar teh lamun nyaneh rek gawe ka daerah sabrang (luar pulo) heug bae, asal indung bapa geus euweuh di alam dunya. Aya kituna, kolot baheula mah nya Ka?.

“Tah kitu cek Tong, kolot baheula mah saking nyaah-nyaahna ka anak, belaan anakna rek incah jauh nyiar kahirupan di sabaparan (perantauan) rereana tara diijinan ku kolot teh.

Beda deui jeung alam ayeuna, lamun aya peluang gawe dimana bae teu weleh dipencug (dijugjug) demi ngarobah nasib jeung kahirupan nu leuwih jembar. Tah kitu, lalakon nyair gawe baheula jeung ayeuna bedana kacida pisan, cek Tong!” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Sekda Kuningan Sumbang Medali Tenis Lapangan di Porpemda XV Jabar

“Leres nya Mang, kapungkur mah sanaos ngilari padamelan gampil, namung seueur nu teu dipaju. Margi emutan jalmi harita teu mekar sapertos barudak alam kiwari. Ngan nya kitu Mang, ari ayeuna jalmi tos malotekar tur calerdas, lebah ngilari padamelanana anu sesah teh,” jawab Si Otong.

“Geus kitu tea bae, hirup dina jaman kamajuan. Beheula gampang nyiar gawe, kolot teu ngijinan. Baruk teh mending cicing di lembur, bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, cek paribasa sundana. Cek basa jawa tea mah, mangan ora mangan asal ngumpul. Pamadegan semodel kitu lamun dilarapkeun alam ayeuna asa kurang petuk (pas),” omong Mang Suadma.

“Namung nya kitu Mang, ayeuna karaos ku abdi, naos jalmina palinter namung semet hoyong janten katua RT sumawon pamingping RW sesah oge, Mang. Kedah kumaha atuh ieu abdi?” tanya Si Otong, menta bongbolong ka Mang Suadma.

Baca Juga: Hari Pertama Jadwal Kampanye, Rokhmat Ardiyan Tancap Gas ke Pasar-Pasar Tradisional Kuningan

“Sabenerna andika hayang jadi naon, neangan jabatan nu model kumaha, nyebut harese tepi ka tipoporose teh? tanya Mang Suadma. “Punten Mang, ieu mah rahasiah, pomi ulah diwartoskeun deui kanu sanes. Malihan bulu tuur ge teu kedah diwartosan, ukur Mamang anu anu uninga kana kahoyong abdi,” cek Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah