Sabulangbentor: Pindah Tugas Ninggalkeun Kamenit Keur Batur

- 26 Desember 2023, 15:24 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sabada mutasi anu dipiluan ku sawatara pejabat eselon luhur geuningan aya nu ninggalkeun babandol pagawean anu tacan rengse. Antukna kepala anu anyar nyangking kalunggulan di eta unit kerja teu sirikna katempuhan buntut maung cek paribasana.

Leuheung basa anu wariskeunana matak pibungaheun, lebah pagawean anu can beres 100 persen apanan matak cacagnangkaeun. Leuheung basa lamun ukur ditinggaleun hutang, lebah lamun kabudag-badug jeung masalah hukum, apanan matak pimeniteun.

“Kumaha cenah nya Tong, sabada mutasi teh?” tanya Mang Suadma. “Biasa wae atuh Mang, aya nu bingah margi kenging posisi jabatan anu empuk tur merenah, aya oge nu katempuhan buntut maung alias kedah ngarengsekeun padamelan anu cacagnangkaeun. Atuda kumaha Mang, perkawis mutasi sareng promosi mah kawenangan nu gaduh kakawasaan di ieu lembur,” walon Si Otong.

Baca Juga: PBSS Kuningan Berjaya di Kejurda Silat COC, Sabet Juara Umum I Kategori SMP dan Juara Umum I Kategori SMA

“Bejana rea nu teu ngepas luyu jeung kompetensina? bener atawa enya eta teh nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Sanes kitu Mang, margi jumlah SKPD kawilang ngawates, ari nu hoyong seueur, atuh puguh paheula-heula norobos panginten. Anu teu walakaya mah kumaha dibabetkeunana. Naha janten setap ahli bopati atanapi dibabetkeun ka intansi anu henteu subur,” walon Si Otong.

“Sugan aya intansi baseuh jeung garing?” Mang Suadma malik nanya. “Tangtos aya Mang, buktosna aya nu sapertos dikandangan, buktosna ongkoh eta jalmi teh pinter tapi teu diakomodir, nya asa diteuteuinganeun, kacida nya Tong?” cek Mang Suadma.

“Karunya atuh ari jadi jalma keur dipercaya teh ulah sok nyangsarakeun batur, heug lamun tumiba ka dirina, apanan matak helang-heling rieut jangar (matak menit),” cek Mang Suadma. “Leres upami bade diemutan mah, Mang,” jawab Si Otong. “Omong-omong rea keneh nu ngarasa teu diuntungkeun, naha teu salah atawa bener eta teh?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Karateka SMK Karnas Kuningan Raih Medali Emas Kejurnas BKC Gashuku Cup Tahun 2023

“Tangtos Mang, satiap mutasi ge aya we pejabat eselon luhur anu ngaraos diteungteuinganeun. Atuda keur anteng-anteng gawe anu dipilampah kalawan daria (serius) tur taya masalah anu prinsip, teu gugur teu angin dikucek tepi ka seueur anu asa diheulang,” walon Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x