Sabulangbentor: Mundur Tina Kalungguhan Kudu Diceungceurikan

- 8 Januari 2024, 18:07 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Satiap pagawe pasti aya mangsana ngeureunan anu kasebut purnabakti alias pangsiun tea. Cek istilah BKD tea mah, mangsa batas usia pensiun (BUP), wabil husus keur pagawe anu di-SK ku nagara pon kitu pangsiunan tina pagawe pausahaan.

“Nyarioskeun naon Mamang teh, enjing-enjing tos ngabahas soal pangsiun?” tanya Si Otong. “Mamang mah bebas rek nyarita pangsiun atawa anu keur jeneng keneh da lain pagawe, taya patula-patalina jeung kahirupan sapopoe,” tembal Mang Suadma.

“Oh.. kitu, sugan teh Mamang bade pangsiun tina pagawe koprek (patugas ronda) dumeh usia lanjut,” walon Si Otong. “Kaula mah saha nu rek mangsiunkeunana, iwal ti lamun Mamang geus teu kuat melek ti peuting, nya meureun kana boboleh, rek eureun sorangan tanpa SK. Ari andika iraha rek pangsiunna?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Program Rutilahu Disperkimtan Kuningan Melebihi Target RPJMD, Ada 8.431 Unit Rumah yang Dibangun

“Abdi mah tebih keneh Mang, masih keneh tiasa nyoblos ngiringan pilihan,” jawab Si Otong. “Sukur atuh ari lila keneh mah, Tong. Ngan kade lamun isuk jaganing geto andika tepi kana BUP (Batas Usia Pangsiun), poma ulah rek ninggalkeun amal goreng,” omong Mang Suadma.

“Maksad Mamang kumaha, abdi kedah ngantunkeun amal sae? Atuh kantenan. Abdi mah entong boroning engke waktosna dugi kana BUP, dalah ayeuna keneh ge tetep kedah ngajagi nama baik anu bakal maparin wawangi ka diri pribadi katut kulawargi. Margi upami urang codeka nuju dines, sesah pisan bade mulangkeun citra anu sae,” walon Si Otong.

“Atuh heueuh alus pisan, sukur ari andika ngarti mah, Mamang ngarasa bungah anu aya. Sabab aya diantarana ari keur jeneng diugung-ugung lebah geus teu nyekel kalungguhan diapilainkeun ku sawatara kanca atawa bawahanana. Andika ulah tepi ka kitu!” cek Mang Suadma. “Aya kitu Mang, anu parantos lengser tina kalungguhan teu dipirosea ku para balarea?” Si Otong malik nanya.

Baca Juga: Yudi Nugraha Lengser, Jabatan Ketua BKC Kuningan Diserahkan ke Ketua PGRI

“Jigana di lembur urang mah moal aya, da sapopoena gak-gok jeung papada arurang. Ngan duka di daerah sejen mah boa-boa aya, sabab adat-istiadat unggal daerah beda-beda,” omong Mang Suadma. “Atuh saena kedah kumaha pikeun ngingkahan anu teu dipiharep sabada abdi teu jeneng deui nyepeng kalungguhan?” Si Otong menta bongbolong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x