Sabulangbentor: Beda Pilihan Ulah Dianggap Musuh

- 14 Januari 2024, 21:20 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ti usum piulihan ka usum deui pilihan asa teu karasa, aya kituna nya Ka? Cik atuh nu palinter teh ulah sok nyangray teuing sual pilihan, apanan balukar tina beda pilihan anu periode kamari araya keneh gantar kakaitan.

Enya ari dina ngaromong mah, urang kudu silih lubarkeun, taya istilah deui pendukung jeung non pendukung. Jah.......dina seuhseuhanana angger we silih cirian, mana anu pro jeung nu teu pro, kaasup nu abu-abu. Cek Mang Suadma mah, kagila-gila teuing melaan naon atuh, teu pira ukur marebutkeun kejo sapiring tepi ka teu akur jeung pada batur.

“Aya naon Mang, kapirengna teh ngabelaan sangu spiring sagala antukna matak pagujrud jeung tatangga?” tanya Si Otong. “Enya, asa kamari ieu pilihan teh ayeuna geus rek pilihan deui. Nya… padu aman tur saralamet we Mamang mah,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: 175 Jemaah Calon Haji KBIHU Syiarul Islam Kuningan Gelar Simulasi Manasik Haji

“Atuh leres pisan, eta anu dipiharep. Bade naon deui atuh, komo urang mah jalmi leutik, nu penting enggoning hirup kumbuh di pilemburan luyu jeung aturan agama katut dirigama,” walon Si Otong. “Heueuh ari nyarita mah jiga nu bener. Lebah praprakanana pedah beda pilihan dianggap kontra, apanan rek patanya ge jiga nu hoream,” omong Mang Suadma.

“Atuda kumaha Mang, abdi mah aya harewosna ti dunungan. Urang teh sing ngartos we atuh, Mang!” jawab Si Otong. “Andika kitu soteh nu aya patula-patalina jeung kapentingan, kaula mah jalma bebas. Ah madia teuing rek milih saha bae, bebas ieuh!” tembal Mang Suadma.

“Nya … leres kana kituna mah, teu langkung Mamang. Da namina ge di alam demokrasi, kakawasaan aya di tangan rayat,” jawab Si Otong. “Gandenglah, buktina lamun usum pilihan, heug batur teu luyu jeung pesan sponsor urang apanan ku andika sok dicirian,” tembal Mang Suadma. “Nyirian kumahana Mang, eta mah hak warga nagara, bebas kanggo nangtoskeun pilihanana,” tembal Si Otong.

Baca Juga: PDIP Kuningan Masih di Urutan Pertama, Caleg Partai Manakah yang akan Tersingkir di Pemilu?

“Ti baheula ge kitu ngomong mah, buktina pedah teu ngadukung dianggap lawan. Can karuhan, nu teu ngadukung boa-boa jalma bener. Sabalikna, nu pro bisa jadi aya pamentana. Lamun urang saendengna boga hate dengdem alatan teu sapamadegan sajeroning nangtukeun pilihan sarua jeung ngagedean dosa. Baruk lamun rengse pilihan kabeh ge rayat/anak sorangan, buktina teu kitu. Angger we patanya ge hambar, da karasana ku hate.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x