SABULANG BENTOR: Kuduna Partai Butuh Calon Ti Birokrat

- 7 Maret 2023, 07:30 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Mosal lila deui nincak taun hareup (2024) anu bakal aya Pamilukada Bopati/Walikota anu dipilampah kalawan serempak di sakuliah lemah cai.

Masing-masing calon bopati/walikota keur berjoang pikeun meunang rekomendasi ti pimpinan partai pusat.

Pon kitu diinteren partai kawilang harengheng lantaran calon sagerbong parahi hayang meunang rekomendasi ti tonggoh.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Anak Emas Mah Salah Ge Bener Bae

Katenjona sasama beus kota jiga nu akur, padahal diantara maranehanana keur silih seging sangkan rekomendasi ragrag kanu di-asese ti pusat.

“Jah… pulitik, kaula mah teu ngarti sapisarateun komo keur nu bodo model Mamang. Ngabandunganana oge menit, malah saditueun ti menit mending kerek di pos ronda sakalian koprek (ronda malam),” cek Mang Suadma.

“Mamang mah aya-aya bae, sare di pos ronda bari koprek, kukumahaan eta teh,” walon Si Otong.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Sukses Keur Sorangan Keur Baturna Endi?

“Nya heueuh atuh, mikiran pulitik mah matak jangar, cek Tong!” jawab Mang Suadma.

“Kunaon Mamang ngemutan pulitik sagala, anggota dewan sanes, pulitisi sanes?” tanya Si Otong.

“Tuh, nyaneh mah, ari ka aing teh nganggap sapele bae. Masing kaula tukang buburuh koprek ge kudu apal urusan pulitik mah, sangkan rada melek saeutik. Apanan di daerah urang ge rek aya Pamilukada Bopati lain?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

“Atuh kantenan, pasareng kabupaten/kota sanes anu kaparengkeun Pamilukada seremtak tea. Atuh kedah tatan-tatan urang nu janten rahayatna kedah nyukseskeun eta pesta demokrasi teh,” jawab Si Otong

“Bener pisan maneh Tong. Kumaha perkembangan pulitik di lembur urang ayauena?” Mang Suadma malik nanya.

“Atuh para calon bopati/walikota ayeuna nuju tihot-hat ngayakeun silaturhmi pulitik ka tiap partai sangkan kenging kendaraan kanggo nyalonkeun kapala daerah tea,” omong Si Otong.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

“Ke,ke, ke, geuningan asa tibalik kadengena teh. Baruk calon bopati keur tihothat ngadeukeutan partai sangkan diusung?

Kuduna mah partai anu butuh calon, komo lamun colonna ti birokrat, eta mah haransi moal gagal. Naha rek nyokot nu penter, nu bener, singer eta calon lain jalma samanea.

Pangalaman gawena di birokrasi geus puluhan taun, najan PNS teu meunang popolitikan, tapi maranehanana salila jadi birokrat mangpuluh-puluh taun pagilinggisik jeung urusan pulitik pasti leuwih ngarti kana urusan politik?.

Baca Juga: Sabulangbentor: Tunda Bayar Geus Kabayar Angger Diporostel

Salila puluhan taun icikibung di dunya pamarentah, pasti leuwih dikenal tibatan anggota dewan anu karek diuk 5 taun di gedong dewan.

Asa manglebarkeun lamun para pejabat anu berpotensi teu dimanfaatkeun ku partai pulitik pikeun diusung jadi calon bopati/wakil bopati teh.

Naha boga masa? Ulah hawatir, piraku salila jadi pagawe ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk teu boga kawawuhan?” Asa kacida, piraku, kagila-gila teuing,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah