SABULANG BENTOR: Perusahaan Daerah Teu Maju2 Tanya Juragan Burjo

- 3 April 2023, 07:30 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON -Paingan harayang jadi direktur pausahaan, atuda sakali gajihan per bulan bisa keur meuli prah-oto (kendaraan).

Beda deui jeung pagawe biasa anu gedebug koseh, beubeunangan sabulan ukur cukup keur nyatu (dahar) wungkul.

Nu matak teu aneh mun rea jalma parahi hayang jadi direktur teh da matak karasa gula asemna.

Baca Juga: Memperpanjang SIM Tidak Perlu ke Polres, Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

“Direktur naon anu pangasilanana sakali gajihan tiasa kanggo meser kendaraan teh, nya Mang?” tanya Si Otong, panasaran.

“Atuh direktur naon bae eta mah, cacakan nu aya di lembur oge pangasilanana bisa sagala kabual.

Mana komo nu aya di tingkat regional jeung nasional, meureunan gedena tepi ka nga-ehem (saking badagna) teu bisa digambarkeun ku caritaan,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Mau Tahu Waktu Berbuka Puasa dan Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Hari Senin 3 April? Ini Jadwalnya

“Oh kitu, Mamang terang timana eta pangasilan direktur badag kacida?” Si Otong malik nanya.

“Eta teh karek tina gajih wungkul, tacan tina pangasilan sesemperan (meureunan), tambah ngunggul bae.

Malah aya nu nyebutkeun hese miceunna duit teh, keur naon deui atuh da sagala geus kabeuli, kalah bingung ka mah, cenah.

Baca Juga: Ada Potensi Waduk Darma Kuningan Bermasalah dalam Pengelolaannya

Beda jeung umumna pagawe biasa, miceunna babari ari beubeunanganana seret, untung teu ngising deles oge,” omong Mang Suadma.

“Ari Mamang sok ngabibita bae, mireng gajih direktur saur Mamang tiasa kangge meser kendaraan tiap gajihan, bati nelegan ciduh wae kanggo ukuran abdi mah,” walon Si Otong.

“Numatak andika kudu boga kawani, mun aya kasempatan (lowongan) calon direktur milu daptar we atuh, nu penting puguh MoU-na,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Tiga Titik Jalur Jalan di Kuningan akan Dibangunkan Pagar Pengaman Jalan dengan Biaya Rp8,6 M

“Tapi kunaon Mang, aya diantawisna (cenah) Perumda di daerah batur salamina teu maju-maju.

Malihan tos sabaraha kali gentos direktur, jeung teunimbang nanjung mah kalah beuki melesek,” tanya Si Otong, nguji Mang Suadma, pedah sok pipinteranan.

“Geuning nanyana ka kaula, atuh ka ahli ekonomi atawa kanu palinter luyu jeung bidangna.

Kaula mah semet tukang koprek (ronda), nya naon kanyahona.

Salah alamat atuh nanya ka tukang koprek mah, Tong!” jawab Mang Suadma, berkelit.

“Abdi mah ukur hoyong terang wae numutkeun sakaterang Mamang, kumaha carana sangkan eta pausahaan anu teu maju-maju sangkan tiasa masihan kontribusi kanggo kamajengan nagara,” tembal Si Otong.

“Lamun Mamang keukeuh kudu mere solusi, tapi andika ulah nyeri hate.

Cek kaula anu teu bodo-bodo acan (saditueun ti bodo), eta Perumda anu teu maju-maju, geura tatanya ka juragan bubur kacang ijo (Burjo).

Di daerah wetan aya nu kaceluk Bos Burjo pagawena ngaratus, modalna ukur dongdangan jeung bahan baku kacang ijo.

Tapi pangasilan pagawena lamun balik bada (lebaran) sataun sakali bisa barangbeuli kaperluan sejenna, malah baroga imah sagala.

Padahal eta juragan burjo teu meunang suntikan dana miliaran rupiah keur modal pausahaanana, tapi bisa hirup jeung ngahirupan pagawena anu jumlahna ngaratus.

Lamun enya tea mah aya perusahaan daerah teu maju-maju, teu bisa ngelehkeun tukang burjo, beunang disebut, Ter-La-Lu......!” omong Mang Suadna. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x