Pejabatna Kaya, Rayatna...?

2 Agustus 2022, 09:09 WIB

TEUING enya, duka bener, da ngadengena ge ukur saliwat, selengting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, aya sawatara kabopaten/kota kacatetkeun pangmiskinna di ieu propinsi. Boa-boa eta beja teh teu salah, numatak rada percaya lantaran nungabejakeunana oge lain jalma samanea. Tapi pangagung nu aya di puseur dayeuh propinsi, piraku ngawadul mah tangtu bisana dibewarakeun teh dumasar kana by data jeung by pakta.

“Lamun enya eta kabopaten/kota anu kasebut pangmiskinna, lamun  aya buktina kalawan nyata, nyaa...terimakeun bae, eta mah itung-itung panggeuing atawa keur bahan epaluasi arurang ka hareup. Dina teu buktina, piraku. Saupamana luyu jeung kanyataanana, teu kudu era da eta beja geus sumebar ka sakuliah jagat,” ceuk Mang Suadma.

“Panginten atuh Mang, da abdi mah kirang yakin, duka upami di daerah sanes mah, kalebet daerah miskin teh,” tembal Si Otong.

“Waduklah, nyanehmah sok api-api (pura-pura).Mamang mah moal rek nuduh ka daerah mana-manana. Ngan lamun enya eta anu disebut pangmiskinna   kudu dikaji ulang deui, sangkan teu nimbulkan pabentar paham jeung masarakat, pon kitu pasalia paham jeung papada pangagung nu aya di ieu lembur,” jawab Mang Suadma.

“Abdimah moal tiasa ngawaler sakumaha anu dicarioskeun ku Mamang, margi bilih walerenana teu ngepas sareng anu dipiharep ku para pamingpin nu aya di ieu lembur. Kitu manawi Mang!” walon Si Otong, rada  nyingcet.

“Eta mah kumaha ceuk  andika bae anu sapopoena idek liher di gedung putih tur gaul jeung para pejabat daerah, sabab bukti atawa henteuna kaasup kabopaten miskin eta kumaha ceuk  nu ngarasakeunana,” omong Mang Suadma.

“Tos atuh Mang, ulah ngadongengkeun teuing kamiskinan, nyarios nu sanes bae atuh supados bejana teu matak nyinggung perasaan,” tembal Si Otong.

“Tapi ieu mah dongeng Tong, ngarana oge. Duka ayana dikabopaten/kota mana anu kahirupan pejabat katut rayatna kawilang jomplang,” ceuk Mang Suadma.

“Jomplang lebah manana Mang?” Si Otong malik nanya.

“Ieu mah cenah, da ngarana ge omong leuwih harus tibatan goong. Baruk  di daerah batur mah, sumber daya alamna biasa-biasa bae, tapi rakayatna mah baleunghar, cenah. Malah kehirupan para pejabatna biasa-biasa bae, teu marewah saperti dikota sejen. Ngan aya nu tibalik, kahirupan para pejabatna marewah alias kaya, ari rayatna...? Malah kaceluk kabopaten pangmiskinna sapropinsi, tapi duka ayeuna mah, naha angger keneh atawa teu robah-robah. Lamun enya kitu kabuktianana nya aneh oge, geuningan subur keneh nu ngurusna tibatan jeung nu diurusna?  Jah…anjogna mah...!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon

Terkini

Terpopuler