Milampah Kahadean Dinas Bulan Puasa

- 18 April 2021, 23:00 WIB

DUMASAR kana katerangan, ari bulan suci Ramadan beunang disebut rajana bulan, tinu 12 bulan nyaeta bulan puasa anu pinunjul teh. Seueur ka istimewaan dina bulan suci Ramdhan,  kayaning doa dikobul, dihampura tina sagala dosa per dosa, salamet tina lentaban seuneu naraka. Aya deui laelatul kodar anu fahalana lamun ibadah dina maleman laelatur kodar, hartina sarua jeung ibadah 1.000 bulan.

“Luar biasanya Tong sajeroning bulan suci Ramdhan the geuning. Mamang haying ngalaksanakeun ibadah anu bener da rumasa gede dosa, gede doraka, mun bisa mah ayeuna teh kudu leuwih getol ibadah kusabab keur meumeujeuhna panen pahala ti Nu Maha Kawasa,” ceuk Mang Suadma.

“Leresnya Mang, urang the peupeuriheun sajeroning hirup sawelas bulan katukang aya dina paribasa, tunggul digabrug, catang dirumpak, anu puguh mah hirup ukur ngagugulung bae napsu. Leres kasauran Mamang, kedah langkung ngarojatkeun ibadah meungpeung keur panen pahala,” walon Si Otong.

“Heueuhnya Tong, ari anjeun shaum? Teu acan batal?” tanya Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x