Atasan Pinter Teu
Dipikaresep Ku Bawahan

- 21 Maret 2022, 21:36 WIB

JAMAN kiwari ngabadeg jalma pinter, malahan gelarna oge mani reumbeuy dipasang dihareupeun jeung tukangeun ngaran tepi ka teu kawadahan. Da baheula mah euweuh nu boga gelar mani ngantay, karek dina label dipasang BA (sarjana muda) mani ibur salelembur. Beda jeung jaman kiwari, meh di unggal lembur jenuk nu boga gelar leuwih ti hiji.
“Alhamdulillah, nya Tong, ayeuna mah jaman kamajuan, rea lembaga pendidikan jlug-jleg dimana-mana. Harita taun 70-an hayang neruskeun ka SLTA kudu incah ka puseur dayeuh kabopaten, eta ge sakolana beunang diitung ku ramo sabeulah. Estuning jumlah sakolana oge ngawates pisan. Numatak teu ngabibisani bareto mah rea keneh jalma bodo dibanding jalma pinter,” cek Mang Suadma.
“Atuda waktos harita mah sagala rupina sarwa walurat, Mang. Benten sareng alam kiwari, hoyong pinter tur gaduh elmu asal kersa ngilarina,” walon Si Otong.
“Tapi teu kitu Tong, najan jalma baheula barodo katotoloyoh, cek paribasana, tapi dina sual tata-titi, tindak-tanduk, duduga jeung peryoga mah moal eleh ku jalma alam kiwari,” cek Mang Suadma.
“Maksad Mamang kumaha? Ongkoh jalmi alam kapungkur seueur nu bodo, namung teu eleh ku jalmi alam kiwari, lebah naonna?” tanya Si Otong.
“Jeh…andika mah jiga nu teu nyakola. Najan jalma baheula kasebutna urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah, rea nu teu ngambeu bangku sakola, tetep ajeg tur panceg enggoning ngajaga etika, ngajaga perasaan hate batur, budaya silih hormatan jeung sajabana. Beda jeung alam kiwari, ongkoh loba nu pinter, tapi boga rasa pangpinterna jeung asa pangbenerna, padahal benerna teh ukur cek sorangan. Batur mah dianggap salah, salagi teu luyu jeung kahayangna. Lamun eta jalma ngaku asa pangpinterna, kudu nyaho oge bebener. Kuduna, bener cek diri, bener cek umum (balarea), bener cek nagara jeung agama. Lain ukur bener cek sorangan, teu kaci,” tembal Mang Suadma, panjang lebar.
“Manawi alam kiwari mah seueur teuing nu pinter, namung nya kitu Mang, saking ngaraos pangpinterna antukna teu tiasa ngarampa perasaan/hate batur, antukna matak kasebeleun jalma loba!” cek Si Otong
“Heueuh nya Tong, sakapeung aneh oge. Jaman kiwari, rea atasan ongkoh pinter, tapi teu dipikaresep ku bawahanana, eta pedah naha? Buktina, loba nu teu resep ka eta jalma, ngabadeg nu kuciwa, jenuk nu nyeri hate jeung rea-rea deui. Padahal eta teh kasebutna jalma pinter. Lebah endi ngamalkeun kapintenranana? Kahade, andika ulah kabawa arus model kitu. Di lembur urang ge aya keneh pejabat pinter, bageur, berehan, dipikaresep ku sasama katut balarea, sumawona dipihormat ku bawahanana. Tah… pangagung model kitu anu kudu jadi conto keur anjeun. Ulah nu sabalikna, tambah pinter tambah pikasebeleun batur, sasapaan teuing…..!” cek Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah