Yuser Leuwih Menit Nempatkeun Jalma

- 25 Maret 2022, 18:52 WIB

Lamun urang rek nangtukeun hiji perkara kalawan  loba teuing pertimbangan, jigana moal aya anggeusna. Naon sababna? Sabab eta pertimbangan bakal sirna lantaran dihakan deui ku pertimbanganana sorangan.

Lamun urangna teu tegas-tegas teuing kalawan dumasar kana kewenangan jeung Tupoksi (Tugas Poko jeung Pungsi), masing  tepi ka belut buluan oge teuing iraha rengsena. Komo ngurus pamarentahan, dhoh… sugan mah. Ngurusanan jalma rea tea, lain sulap.

“Saestuna jadi pamingpin teh teu kudu riweuh-riweuh teuing nya Tong? Da anu matak riweuh jeung ngajadikeun ganjelan teh ku ayana ewuh-pakewuh. Bising kitu tea, bising ieu tea jeung sajabana,” cek Mang Suadma.

“Nyarios naon Mamang teh, sapertos petinggi bae? Keun perkawis kabijakan mah pasrahkeun we kanu gaduh wewenang di ieu lembur. Mamang teu kedah ngamutan nu sanes bagianana, ka rieut-rieut,” tembal Si Otong.

“Kaula mah salaku warga lembur, bebas rek nepikeun kamandang naon oge  salagi dijamin ku undang-undang. Apanan aya dina katerangan, sakumna warga nagara dibere kabebasan pikeun nepikeun kamandang luyu jeung eta ugeran undang-undang,” omong Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Asep Iswayanto


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah