Mutasi Ngayayay Pabetot-betot
Jeung Kapentingan?

- 27 Maret 2022, 21:58 WIB

SAWATARA pejabat katut pagawe sejenna anu ngarep-ngarep mutasi, sugan jeung sugan kabawa, geus lieuk beuheung sosonggeteun, cek paribasana, geuningan tacan keneh bae, baruk teh. Cek beja dina poe Jumaah, tapi geus ngaliwatan sabaraha kali jumaah bolay (gagal) deui bae. Teuing Jumaah endi, kagila-gila teuing jiga nu diayun dijieun ulin, cek kasarna.
“Heueuh nya Tong, teu pira ukur rek ngeusi kakosongan jabatan, jiga rea nu mararenit kitu. Bisa jadi jenuk teuing pertimbangan, naha dumasar kana pertimbangan teknis, teuing dumasar kana pertimbangan pulitis, anu ngabalukarkeun rek mutasi teu anggeus-anggeus teh. Meureunan pertimbangan eta nya Tong anu matak waktuna ngayayay oge?” tanya Mang Suadma.
“Manawi atuh Mang, da saleresna mah teu kedah kitu. Kantun pilih saha, pejabat mana anu ngagaduhan kompetensi atanapi luyu sareng disiplin elmuna, mangga bade ditempatkeun dimana bae anu kinten-kintenngepas sareng kalungguhan anu bade dicalikanana!” walon Si Otong.
“Heueuh nya Tong, anjeun bener pisan! Naon hesena heueuh, paremeter eta mah geus puguh tur tumamprak di mata masarakat oge. Andika pinter oge,” jawab Mang Suadma.
“Sanes pinter Mang, punten. Margi aranjeunna (nu garaduh kawenangan) malihan saditueun ti pinter, piraku teu uninga kana bag-bagan, palanggeran katut papagon mutasi. Teu kedah dipapatahan deui da parantos manukna anjeunna mah,” cek Si Otong.
“Oh … kitu nya Tong, kaula ngarti. Saestuna teu kudu aya nu menit lamun urang nyekel kana eta papagon mutasi atawa promosi da puguh ugeranana kalawan luyu jeung kompetensi eta pagawe. Bener oge, tapi naha kudu diulur-ulur matak ngalieurkeun batur, nya kitu deui kanu rek muterkeun jabatanana oge jiga nu baluweng, heran ka mah!” tembal Mang Suadma.
“Teu kedah heran Mang, manawi aya perkara sanes anu matak ngaganjel kanu gaduh kabijakan,” walon Si Otong.
“Oh…heuueh… kaula karek ngarti,” jawab Mang Suadma, singget.
“Tah geuning Mamang oge langsung ngartos, teu kedah disundakeun,” cek Si Otong.
“Heueuh nya Tong, paingan rek mutasi jeung promosi jabatan teh waktuna diundur terus kawas undur-undur, mana horeng kitu. Ieu mah urang babaledogan, bisa bener bisa oge teu nyalahan, boa-boa pangna rek mutasi waktuna ngayayay teh akibat pabetot-betot jeung kapentingan? Teuing jeung kapentingan pulitik, duka aya urusan nu aya patula-patalina jeung eusi….. eta tah!Lamun bae kitu udaganana, cilaka dua welas atuh Tong. Lamun eta dipilampah ku andika, duka kumaha pibakaleun kahareupna. Mugi Alloh Swt maparin hidayah ka arurang sadaya. Aamiin….!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah