Daek Disebut
Kabopaten Gandir?

- 15 April 2022, 22:58 WIB

KABARCIREBON- TEU sirikna meh ungal usik sawatara media cetak atawa eletronika (media online) ngabewarakeun kajadian jalma gantung diri (Gandir). Lamun rek dilenyepan matak wirang di kolong catang, nya gede nya panjang, cek paribasana. Asa teu pantes dumeh lembur urang ngagembar-gemborkeun visi agamis, tapi penomena gandir beuki deui lain ngurangan malahan sabalikna, tambah ngabadeg anu nelasan pati ku cara gantung diri (Gandir). Nauzubillahimindzalik….!
“Mamang asa hemeng, eta naha nya Tong tepi tega lara, tega pati, nandasa badan sorangan, ku cara maehan maneh ngagantung diri?” tanya Mang Suadma.
“Wallohuwalam atuh Mang, abdi ge asa teu ngartos upami diemutan mah. Kumaha teu kitu, meh unggal usik, aya nu gantung diri. Abdi ge teu ngartos, kedah kumaha anu kedah dipilamlah ku pamarentah daerah,” walon Si Otong.
“Heueuh nya Tong, aya kajadian samodel kitu teh ulah dianggap biasa, tapi kumaha carana para pangagung nu aya di lembur ngarasa kahudang pikeun ngungkulan penomena eta masalah. Lain ukur ngedalkeun prihatin, ah biasa, atawa ukur nyandarkeun kana nasib. Tapi kudu aya tarekah kalawan upaya-upaya kongkrit, khususnya tinu boga kakawasaan, lain diantep karep,” cek Mang Suadma.
“Leres nya Mang, asa kacida lembur urang mindeng dihebohkeun ku peristiwa Gandir, berarti aya permasalahan anu tacan kapecahkeun sajeroning kahirupan warga nu aya di lembur urang,” omong Si Otong,
“Heueuh kahade anaking, adi-ing mangka areling! Ulah rek kabawa ku sakaba-kaba, ulah rek nurutkeun hawa napsu masing aya masalah sakumaha beuratna oge. Antukna napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan. Kitu cek kolot tea mah,” omong Mang Suadma.
“Leres pisan Mang, nuhun kana pepelingna,” walon Si Otong.
“Nu matak ari kolot keur ngomong teh dengekeun, ulah sok disapelekeun, lebah aya kajadian kieu, cik saha anu kudu mikir leuwih tiheula? Meureunan para pamingpin da eta anu kudu tanggungjawab kana saniskara permasalahan rayatna anu ngabalurkeun ngabadeg warga gantung diri,” tembal Mang Suadma.
“Abdi mah jalmi alit mung gaduh kahoyong, kumaha di pilemburan teh ulah aya deui anu gantung diri. Isin atuh Mang,” omong Si Otong
“Nya heueuh atuh ulah kena-kena Mamang harkat tukang koprek, usul itu usul ieu teh ukur didenge ku ceuli katuhu, kaluar ti ceui kenca. Naha urang teu era ari ngaku daerah agamis, lebah peristiwa Gandir meh unggal usik. Cik kahayang teh ti pucuk pamarentahan nu aya di lembur tepi ka tingkat handap, teangan naon akar masalahna ngabadeg rayat anu milamlah hirup nekad gantung diri. Tangtu aya masalah anu ku urang tacan kaboker da teu kungsi nalungtik sabab musababna tepi kajadian eta perkara. Bisi sual ekonomi, pacogregan rumah tangga, ipis iman atawa teu nganbeu-ngambeu pendidikan agama jeung rea-rea. Cik perankeun komponen-komponen penting nu aya di lembur urang demi ngkungan eta permasalahan. Mun eta perkara diarantep, naha urang daek disebut Kabopaten Gandir?” tanya Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah