Miskin, Nganggur, Stunting,
Pirus, Gempa, Terus….?

- 18 April 2022, 22:22 WIB

RARASAAN teh asa teu pararuguh ti saprak usum pirus tepi ka kiwari sajeroning nyorang kahirupan karasa pisan eungapna. Tapi karasana eungap soteh cek nu lieuk euweuh ragap taya, lebah ningali para pangagung anu teu weleh diugung-ugung jiga taya kabingung. Bener oge, lebah dieu mah teu bisa dihurun suluhkeun, sakabeh ripuh atawa sakabeh meunang kabungah.
“Leuheung basa andika leutik-leutik ge pagawe, angger aya arep-erepeun najan nu ka tampanana unggal bulan erep ku potongan. Tapi lebah anu hirupna koreh-koreh cok, komo lamun anu heureut pakeun, pungsat bahan, lieuk euweuh ragap taya, atawa herang kari mata, bodas kari huntu cek kasarna, apanan kamana poharana lamun teu kari nganti- nganti dawuh ambek nyedek tanaga midek, ukur seubeuh ku kahayang,” cek Mang Suadma.
“Taya hartosna Mang, ngemutan bae nu kitu mah margi moal aya tungtungna. Dina kaayaan sapertos kieu, kalintang saena urang sami-sami ngadoa tur ngaraketkeun diri ka Gusti Alloh. Mudah-mudahan sarupaning kasusah sareng kasulitan anu meulitan ka diri arurang enggal digampilkeun deui kalawan aya dina kaberkahan. Kitu sanes Mang?” tanya Si Otong.
“Atuh nya heueuh, tibareto ge kaula kitu kahayang mah. Ngan nya kitu, nu katenjo ku Mamang aya keneh warga anu bingung taya manggih tungtung, susah nu taya sudana lir kadia gunung tanpa tutugan, teu puguh wates wangenna. Ampun….toobaat………!” omong Mang Suadma.
“Geuningan Mamang nyariosna sapertos anu keur ngadalang? Nganggo ampun, toobaat…. sagala?” tanya Si Otong.
“Sik … ! Sia mah aing keur bararingung kieu teh kalah ka ngaledek” tembal Mang Suadma.
“Ampun paralun, abdi teu kumawantun naledek Mamang. Namung ieu mah etang-atang guyon bae supados ulah serius teuing ngemutan kahirupan anu sakieu buktosna,” walon Si Otong .
“Nya teu naha-naha ari kadinya maksudna mah. Ngan bae lembur urang teh ayeuna keur katurug katutuh ku ka ripuh. Pikir we ku andika geura, cenah jeung baruk lembur urang teh kaceluk kabopaten miskin. Jaba miskin teh, kaligane jenuk nu nganggur, malahan kacatet oge daerah stunting atawa gagal tumbuh alias katarajang kuntet keur barudak balita. Digentak-gentak panarajang pirus tacan rengse, nya rek kumaha? Asa teu imbang jeung predikat anu kacangking kasebutna lembur urang teh reumbeuy ku penghargaan. Sok kabayangkeun, lamun dina kaayaan miskin, nganggur, stunting, dibarung ku pirus jeung ditambah gempa, terus naon deui….? Nya erek kamana poharana? Untung urang disalametkeun keneh Ku Nu Maha Kawasa, nu matak hayu urang babarengan ngalaksanakeun tobat kabopaten ulah rek milampah deui kalakuan anu papalingpang jeung aturan agama katut dirigama, hususna keur para pamingpin sajeroning ngokolakeun pamarentahan,” Cek Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah