Sagudang Bebener Eleh
Ku Sakeupeul Kakawasaan

- 20 April 2022, 20:33 WIB

SAHA jalmana anu teu hayang boga jabatan atawa kalungguhan anu kawilang stratehis, pasti ngabadeg. Komo lamun boga kakawasaan tingkat kabopaten jeung saterusna, tangtu saditueun ti ngabadeg nu hayangeunana teh. Da buktina sajeroning milampah proses hayang ngawasa di hiji daerah atawa nagara bisa dipilampah kalawan satekah polah nu penting hasil pamaksudan.
“Asa kagila-gila teuing nya Tong, pikeun nyangking kakawasaan teh jiga nu hararaus pisan,” omong Mang Suadma.
“Saur Mamang kitu soteh, apanan manusiawi upami jalmi aya kahoyong mah. Kitu manawi, Mang!” walon Si Otong.
“Heueuh… kumaha cek andika we, ngan kahade hayang boga kakawasaan teh kudu jelas heula niatna. Lamun niatna keur kumawula ka nagara, ngabela nusa jeung bangsa kalawan demi nanjeurkeun bebener pikeun kamaslahatan umat. Lain ukur bener cek sorangan, tapi bener cek umum bener cek nagara katut bener cek agama, eta pisan anu dipiharep ku Mamang,” jawab Mang Suadma.
“Atuh mudah-mudahan bae kitu sapertos anu dipiharep ku balarea. Abdi ge panuju pisan upami kitu carana mah, manawi kapayun atuh urang ngarandapan dipingpin ku pangagung sapertos kitu,” walon Si Otong.
“Da tibaheula ge kahayang mah kitu, ngan sok aya we keulat hamana teh. Aya hade belo, goreng kuda (hartina; hade mimitina goreng panungtunganana). Aya deui goreng belo, hade kuda (belo teh anak kuda) hartina keur anyar keneh mah goreng, tapi hade kakolotnakeun. Nu ideal mah, hade belo, hade kuda (mimitina hade, panungtunganana oge leuwih hade),” cek Mang Suadma.
“Mamang ari nyarios teh jero pisan pihartoseunana, moal ngalartoseun barudak alam kiwari mah,” tembal Si Otong.
“Atuda ngarana oge paribasa, sugan jeung sugan eta babasan lain ukur carita tapi bisa bukti kalawan nyata. Sugan we ku eta paribasa ari ku urangna mindeng diomongkeun mah isuk jaganing geto sakumaha anu cita-citakeun ku balarea bisa ngawujud,” omong Mang Suadma.
“Manawi urangna we mangka sering ngadoa tur masihan kamandang atanapi masukan kalawan sehat tanpa aya maksud sejen, iwal ti demi kepentingan kamaslahatan umat, kitu manawi nya Mang?” tanya Si Otong.
“Tibaheula ge kitu kahayang teh, ngan kaumumanana lamun geus nyekel kakawasaan sok poho kana purwadaksina. Malah cek dina babasan, najan urang boga sagudang bebener, tapi bisa bae eleh ku sakeupeul kakawasaan. Buktina lain rahasiah deui, malah kadeuleu tur karasa ku jalma anu jadi korban kabijakan. Masing cek balarea kudu merenahkeun hiji jabatan luyu jeung kaahlianana, tapi cek nu boga kakawasaan lain kitu, nya wayahna sakabeh kudu tunduk kana eta hasil kaputusan. Nu matak aya nu nyebutkeun; segudang kebenaran bisa dikalahkan oleh segenggam kekuasaan….!” omong Mang Suadma, mamalayuanan (ngomong basa sunda dicampur jeung bahasa nasional). (Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x