Jabatan Sekdis “Tertentu”
Keur Ngabebenjokeun

- 25 April 2022, 21:35 WIB

KABARCIREBON- AYA dina babasan, hutang uyah bayar uyah, cenah. Lebah hutang pulitik, kira-kira bayarna kunaon bro? Apanan ngahuleng tah, pijawabeunana oge. Najan deet moal kakobet, komo mun jero moal kateuleuman, keur nu teu munguk-munguk kana pupulitikan mah. Nu matak lebah hutang pulitik, bayarna kunaon, apanan jenuk nu ngabelengep tah. Dhoh…..sugan mah!
“Cik jawab ku andika Tong. Pedah we andika mah sapopoena idek liher jeung jalma pulitik. Pasti bisa ngajawab, uing percaya ka andika da sapopoena ulukutek di gedung putih,” omong Mang Suadma, nguji Si Otong.
“Sanaos abdi mindeng kacah-kicih ka gedung putih oge sanes nguruskeun pulitik Mang. Margi abdi mah pagawe golongan handap, benten sareng nu eselonna luhur, tangtos aranjeunna tos arasak. Sok sanaos pagawe teu kenging pupulitikan saur dina aturanana mah,” walon Si Otong, ngeles.
“Teu beunang soteh cek aturan, dhoh…. ari dina geprakna mah angger we bari jeung susulumputan atawa terang-terangan oge, rek saha nu wani nyaramna. Teu meunang soteh lamun teu milu ka bandar. Salagi urangna ngadukung jeung ngarojong kana kahayang pangagung mah, apanan lain ge dicaram. Malah dititah bari jeung api-api meungpeun carang. Piraku teu kitu-kitu acan. Da geus kaharti ku Mamang oge, mun aya pagawe puputikikan sebenerna lain ngadukung-dukung teuing, tapi aya hurang di satukangeun mungkal (udang dibalik batu), tujuanana iwal tikeur nitipkeun nasib ka hareup. Meureun eta oge,” omong Mang Suadma, panjang lebar.
“Manawi atuh Mang, abdi mah bujeng-bujeng ngurusan pulitik, ukur purah uncag-incig dipiwarangan kapala kanggo ngarengsekeun padamelan anu teu acan beres. Matak lieur, Mang,” jawab Si Oton.
“Tuh geuningan menit ku mamaneh, padahal andika uncag-incig teh dina raraga pikeun nyukseskeun pulitik dimaksud, hususna keur nu boga kahayang pikeun nyekel kakawasaan. Kitu lain?” tanya Mang Suadma.
“Duka atuh Mang, abdi mah jalmi polos, benten sareng jalmi pinter,” jawab Si Otong.
“Tah eta, andika teu sadar. Najan polos tangtu dimangpaatkeun kapolosanana pon kitu lamun pinter dimangpaatkeun kapinteranana. Saha nu rek ngalawan ka dukungan, hayoh…..! Numatak cek babasan tadi, lamun hutang uyah kudu bayar uyah, lebah hutang pulitik kudu bayar naon? Cek Mamang mah, hutang pulitik (anu mantuan ngegulkeun dina urusan pulitik) bayarna lain ku pulitik deui. Tapi ku cara mere jabatan Sekdis “tertentu”, keur ngabebenjokeun anu gagal openbiding. Atuh ngabebenjokeunana ku cara ngaliwatan heula jabatan Sekdis “tertentu”, saterusna dipola pikeun jadi Kadis. Nu matak hayang jadi Kadis mah gampang, parkir heula samentara di posisi Sekdis panyombo kadituna kari ngagorolongkeun jadi Kadis atawa nyangking eselon dua,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul/Bahasa Sunda/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah