SABULANG BENTOR: Gagal Bayar Taya Pangaruhna Pikeun Meunang WTP

17 April 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Najan di lembur batur sarua katarajang gagal bayar, tapi cenah jeung baruk, geus kalunasan.

Ngan aya beja di salahsahiji daerah anu katarajang gagal bayar tepi ka kiwari angger ngayayay, ngandung harti, kabayar nu itu, puncunghul nu ieu, nu naragih angger murubul. Atuh wayahna sing shobar, Bro, da keur diusahakeun.

Sugan kaula teh cicing bae, apanan uteuk sakieu ngebulna keur nyumponan kahayang aranjeun teh, cek gerentes hate anu rek mayaranana, meureun.

Baca Juga: Memperpanjang SIM Tidak Perlu ke Polres, Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

“Tenang Ka, satiap persoalan pasti aya jalan kaluarna, teuing iraha-irahana, ngan bae teu kaluar-luar,” cek Mang Suadma.

“Mamang nyarios naon eta teh? Kahade bade bada (lebaran), ulah seueur emutan, nu penting aya milikna, tebih balaina tur parek rejekina kanggo urang sadaya. Kitu manawi nya Mang?” tanya Si Otong.

“Nya heueuh atuh, eukeur mah babatok (sirah) keur menit katurug-turug pada ngagugujeg kunu naragih, kandi poharana lamun teu kana saditueun ti menit,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Mau Tahu Waktu Berbuka Puasa & Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Hari Senin 17 April? Ini Jadwalnya

“Mamangna kunaon ngabela persoalanan gagal bayar sagala, nu kedah diemutan mah perkawis koprek kanggo ngajagi kaaman lembur wirehna seueur bumi anu bade dikarantunkeun margi bade malinglar lebaran tea,” walon Si Otong.

“Kumaha rek bisa koprekna, malah loba nu nganjuk alatan ngabadeg pagawe anu can cair itu inih-na.

Lain kaula mikiran gagal bayar da lain jalurna, tapi karasa kana buruhan koprek oge. Anu ahirna Mamang Gagal Koprek,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Ketika Kondisi Darurat Warga Kuningan Bisa Menghubungi 10 Nomor Telepon Penting, Ini Daftarnya

“Oh ...eta anu dimaksad ku Mamang teh, duka atuh ari kitu mah. Nya wayahna bae ka Mamang ulah seueur teuing emutan.

Margi anu gagal koprek sanes Mamang bae, tangtos seueur oge anu teu acan nampi bayaran koprek,” omong Si Otong, ngarerema.

“Teuing atuh ari kitu buktina mah, tapi nya kitu, Tong. Apanan ieu teh rek bada/lebaran anu biasana sagala diayakeun.

Baca Juga: Batas Desa Kabupaten Kuningan, Cirebon dan Majalengka Dipertegas, Kabag Tapem: Sudah Dilakukan Pelacakan

Piraku Mamang bada ngendeng-ngendeng kudu nyatu jeung dage?” tanya Mang Suadma.

“Ari kanggo abdi mah, bade tuang sangu karo uyah oge teu masalah. Namung anu janten emutan, abdi kapapancenan taun ieu kedah ngaraeh penghargaan WTP dina bagbagan kauangan,” tembal Si Otong.

“Heh.... Tong, andika ulah bodo-bodo teuing. Sual gagal bayar, cek Mang Jono tea mah, taya patula-patina atawa pangaruhna kana meunang eta penghargaan.

Baca Juga: Pencurian Kambing di Kuningan Marak, Polisi Ringkus 3 Orang yang Diduga Maling

Buktina, masing dimenda-mendi gagal bayar, apanan taya pangararuhna ieuh kana gagal piknik.

Pon kitu najan di lembur urang rea nu gering, apanan bareto kungsi meunang piala kabopaten sehat.

Pon kitu deui rea patani ngabaheuman kejo raskin (harita), geuningan lembur urang meunang penghargaan swasembada pangan jeung rea-rea deui.

Atuh naon haresena hayang meunang penghargaan tina urusan keuangan, najan ayeuna keur ticengklak ku urusan gagal bayar oge.

Cek Mang Jono tea mah, nirukeun logat urang wetan, jah...... anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, dhoh.......!” omong Mang Suadma, sapamadegan jeung Mang Jono. (Kang Emsul/KC)***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler