Sabulangbentor: Gunta-Ganti Istilah Anjogna Studi Ulin

19 September 2023, 22:39 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Program studi banding anu dipilampah ku pagawe naon bae kalawan ngagunakeun duit nagara teu weleh ngahudang sorotan bala rea, hususna ku sawatara komponen nu aya di masarakat. Atuda waragad keur eta kagiatan, lain sayuta dua yuta perak.

Tapi meakeun anggaran anu kawilang badag da lamun dibeulikeun kana dage tur dibikeun ka jalma sadesa bakal kabagi kabeh. Malah leuwih ti ngunggul, moal erep dua rebo, cek cohagna.

“Heueuh nya Tong, ari ngaromong mah jiga nu heueuh keur werit ku duit, taun prihatin jeung rea-rea deui alesan bari jeung gagaro hulu teu ateul (ambeh teu kaciri keur loba duit). Padahal rea nu nyaho lamun keur usum-usuman teh da jalma oge ngaritung. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Bupati Kuningan Janjikan Mutasi Minggu Ini, Siapa Sajakah yang akan Dimutasinya?

“Ngitung naon nya Mang? Nuju ngitung raraban? Mamang mah celakan ari kana utang-itung mah,” cek Si Otong.

“Jeh .... andika mah sok sasawangan (saliwang) ari ditanya teh. Kaula mah keur milu mangitungkeun waragad keur studi tiru,” tembal Mang Suadma.

“Abdi mah mireng oge studitur, upamina bae ka luar pulo, ka daerah wisata atanapi ka tempat-tempat rekreasi sanesna. Kitu manawi Mang,” walon Si Otong.

Baca Juga: Bupati Kuningan Tidak Akan Memberikan KTA PDIP kepada USP

“Heueuh eta, ngan bae ayeuna mah istilahna diganti. Tiheula make istilah studitur ambeh rada gaya kadengena. Ayeuna mah, tina studitur robah jadi studi banding, studi tiru jeung studi naon deui istilah anyar nu engke,” walon Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, abdi mah kalah tos wareg. Manawi Mamang oge sami atos wareg?” tanya Si Otong.

“Wareg-wareg 70, tibaheula ge Mamang mah wareg. Tapi wareg ukur ngadenge beja anu pariknik lain make duit pribadi. Lain urusan studi bandingna anu dipadungdengkeun ku sawatara komponen nu aya di masarakat, ngan anu nimbulkeun kecemburuan teh lamun eta studi banding make duit nagara,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Bupati Kuningan Jatuh Hati Pada USP, Direktur PAM Tirta Kamuning Terpilih Akan Segera Dilantik

“Oh... kitu anu dikritisi ku masarakat tea tepi ka dibewarakeun dina media sosial sagala? Duka atuh upami kitu carana mah. Apanan ayeuna mah sanes studitur deui namina oge, Mang?” walon Si Otong.

“Heueuh masing istilahna digunta-ganti oge (mimita studitur, studi banding, studi lapangan, studi tiru jeung naon deui. Da anjogna mah, jaaah..... kana studi ulin keneh. Sugan hasil tina studi teh bisa dilarapkeun keur ngaronjatkeun kasajahteraan sakumna rahayat?.

Madia teuing Tong, kaula mah nyaho ge hanteu, moal rek ngomentaran anu teu dipikanyaho. Milu nimbrung ngomong soteh pedah we keur usum nu ngaromongkeun studi,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler