Sabulangbentor: Kudu Pinter Maca Sangkan Teu Kacolongan

31 Maret 2024, 12:36 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Papatah kolot urang baheula ka anak incuna tara panjang-panjang tepi ka ngayayay, tapi cukup sababaraha kalimah bae kalawan kaharti. Malah papatahna oge kawilang antik, contona; “Kudu asak-asak nya ngejo, bisi tutung tambagana (hartina: kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna).

“Eta kalimah ku barudak alam kiwari moal kaharti, padahal ngandung harti anu kawilang jero. Cindekna, lamun hirup urang teu ati-ati matak cilaka tur kaduhung ahirna. Kitu nya Tong, andika ngarti?” tanya Mang Suadma.

“Ngartos Mang, numawi abdi mah teu weleh diregepkeun saniskara anu diwasiatkeun ku sepuh. Margi ari sepuh urang parantos legok tapak, genteng kadek tur le jembar ku pangalaman. Apanan aya dina paribasa Indonesia oge; Lama hidup banyak dirasakan, lama berjalan banyak dilihat untuk jadi pengalaman,” kitu manawi Mang, teu benten tebih,” walon Si Otong.

Baca Juga: Ada Apa, Saksi Ketiga Capres di Kuningan Tidak Mau Menandatangani Berita Acara Rekapitulasi?

“Tah geuningan, anjeun kawilang cerdas enggoning nerjemahkeun saniskara kahirupan. Sabab lamun jalma teu boga pamadegan atawa ugeran hirup, tangtu isuk jaganing geto bakal karasa balukarna,” cek Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, komo ayeuna kalebet taun pulitik, anu sakedep deui bakal aya pilihan pamingpin di lembur urang. Upami urang hirup sagawayah tangtos aya pimatakeunana. Supados urang teu kabelejog (terjebak) ku situasi anu kiwari nuju bergulir, maka kedah atos-atos dina nangtoskeun pilihan calon pamingpin ka payun,” jawab Si Otong.

“Andika mah ulah kapalang jadi jalma bener enggoning nangtoskeun pilihan kudu make akal sehat, poma ulah dumasar kana kepentingan sesaat bari jeung ada udang dibalik batu. Sagala rupa ge lamun ukur ngalajur hawa napsu demi kapantingan beuteung, kadituna hirup moal barokah, mungkin buahna jadi musibah da berpikirna ukur melaan beuteung.

Baca Juga: Puluhan Santri Husnul Khotimah Kuningan Diterima di 19 PTN Ternama di Indonesia, Ini Daftarnya

Satiap anu kaluar tina jero beuteung pasti kotoran. Pon kitu lamun hirup ukur numpuk-numpuk harta ahirna bakal jadi rebutan, tapi anu udagan hirupna demi kamaslahatan jeung kamajuan balarea, eta anu bakal panen kahadean kalawan langgeng. Lain ukur ayeuna, bisa jadi fi dunya wal achiroh,” cek Mang Suadma, panjang lebar.

“Aduh... matak palalaur geuningan upami hirup ukur ngalajur napsu, ngumbar amarah teh nya Mang?” Si Otong malik nanya. “Numatak kolot urang baheula sok mepelingan ka anak incuna, jadi jalma teh kudu pinter maca jeung ngitung sangkan ulah kabobodo batur atawa teu kacolongan.

Baruk cek andika ayeuna keur mapag pilihan, tah lebah dieu lain ukur ngagunakeun matematika pulutik, tapi urang kudu bisa maca rekam jejak hiji pigur calon anu loba hadena, tibatan anu loba salahna. Da ari neangan anu bener 100 persen mah moal aya.

Baca Juga: 6 Bulan Setelah USP Jadi Direktur, Pemda Kuningan Baru Membuka Perekrutan Calon Dewas PAM Tirta Kamuningnya

Tapi geura impleng saha anu tekad, ucap lampah jeung paripolahna leuwih cueut kana jalan kahadean, eta pisan anu kudu jadi pilihan balarea. Piraku di lembur urang taya panutan nu model kitu? Eta mah rek ti kalangan pejabat, kaom birokrat atawa anu keur jeneng ayeuna tur mibanda pangalaman dina urusan pamarentahan.

Geuning jiga nu ngagiringkeun? Gurang-giring demi pimaslahateun mah leuwih hade, tibatan gurang-giring kana pimadhoroteun. Bener cek kolot urang baheula, kudu asak-asak nya ngejo, bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna. Numatak urang kudu pinter maca sangkan teu kacolongan ahirna,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News 

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler