Sabulangbentor: Salah Nempatkeun Personil Matak Menit Ka Sarerea

- 1 Agustus 2023, 21:01 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Cek anu tajam hayang mutasi jeung promosi jabatan, baruk teh asa lieuk beuheung sosonggeteun, cek paribasana.

Kusabab rek mutasi waktuna tambah ngayayay antukna nambahan harengheng di kalangan pejabat anu geus teu sobar hayang nyangking kalungguhan (jabatan) anu kawilang strategis.

Numatak teu aneh lamun enya tea muncul sababaraha kelompok anu rek marebutkeun posisi stratehis luyu jeung kahayang masing-masing.

Baca Juga: 20.000 Pengunjung Wisatawan Nikmati Keindahan Waduk Darma Kuningan

Sugan gawe di gogobrogna, ngatur hayang jabatan itu, jabatan ieu, kumaha pangrasana....!

“Heueuh nya Tong, asa kagila-gila teuing, bawahan teh jiga nu mawa karep sorangan, lir atasan mah asa pangkawasana, sagala rupana ngan rek dipulitisir bae.

Sugan rek hirup salilana jadi pangagung atawa hirup di kalangan birokrasi. Apanan aya watesna sagala rupana oge. Ulah sok kagila-gila teuing, kawas nu rek kiamat bae,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Mantan Ketua PWI Kuningan Laporkan Arya Sabar Ramadhan ke Polisi

“Manawi tereh kiamat kitu Mang?” tanya Si Otong, panasaran.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x