Sabulangbentor: Kabopaten Pangmiskinna, Pangagungna Pangbeungharna? Jaaah.....!

- 15 Agustus 2023, 10:36 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Teuing enya, duka bener, da kadengena oge ukur saliwat, aya dina paribasa selengting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, aya sabaharaha kabopaten/kota kacatetkeun pangmiskinna di ieu propinsi.

Boa-boa eta beja teh teu salah, numatak rada percaya lantaran nu ngabejakeunana oge lain jalma samanea. Tapi pangagung nu aya di puseur dayeuh propinsi, piraku ngawadul mah tangtu bisana dibewarakeun teh dumasar kana by data jeung by pakta.

“Lamun enya eta kabopaten/kota anu kasebut pangmiskinna, lamun bukti kalawan nyata, nyaa.... tarimakeun bae. Eta mah itung-itung panggeuing tamba tiiseun mahade euweuh piomongeun pisan. Dina teu buktina aya bopati/walikota kaasup katagori pangkayana, tenang Bro, da moal dinaha –naha ieuh.

Baca Juga: MKKS SMA Kuningan Ajak Tanam 1.000 Pohon Tiap Sekolah

Sugan di nagara deungeun, lamun aya pangagung hartana ngajelegur teu luyu jeung beubeunangan gajih sabulan tangtu bakal aya nu morostel, hususna ku tim pamariksa nu aya di eta nagara. Di urang mah madia teuing, kamenit-menit mikiran pangaboga batur. Kitu meureun nya Tong?” tanya Mang Suadma, panjang lebar.

“Panginten atuh Mang, da abdi mah kirang yakin, duka ketang, da eta mah ukur cenah sareng baruk,” walon Si Otong.

“Waduk lah, nyaneh mah sok api-api (pura-pura). Ngan lamun enya eta beja aya nu nyebut kabopaten pangmiskinna hanas pangagungna pangbeungharna ulah sok digede-gedekun, bisa can karuhan salah,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Jamkrindo Teken MoU Jasa Surety Bond dengan Pemda Kabupaten Kuningan

“Abdi mah moal ngawaler sakumaha anu dicarioskeun ku Mamang, margi bilih walerenana teu ngepas sareng kanyataan di lapangan, boa-boa leres,” Kitu manawi Mang!” walon Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x