Sabulangbentor: Kabopaten Pangmiskinna, Pangagungna Pangbeungharna? Jaaah.....!

- 15 Agustus 2023, 10:36 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Eta mah kumaha cek andika bae anu sapopoena idek liher di gedung putih tur gaul jeung para pejabat daerah, sabab bukti atawa henteuna kaasup kabopaten miskin eta kumaha cek nu ngarasakeunana,” omong Mang Suadma.

“Tos atuh Mang, ulah ngadongengkeun teuing kamiskinan, nyarios nu sanes bae atuh supados bejana teu matak nyinggung perasaan,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Mengancam Akan Membakar Rumah, Juru Parkir di Kuningan Menusuk Mantan Pacarnya

“Tapi ieu mah dongeng Tong, ngaranana oge. Duka ayana dikabopaten/kota mana, cek dina beja dina media aya kabopaten katagori pangmiskinna, lebah pangagungna baruk teh pangbeungharna, asa teu asup akal, Ka mah.

Lamun enya tea eta beja, aya hiji kabopaten/kota pangmiskinna hanas nu ngageugeuhna atawa pangagungna pangkayana? jaaah......! Ngahuntu,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah