Sabulangbentor: Ganti Visi Ganti Kasangsaraan, Jaaah......!

- 24 Agustus 2023, 21:56 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Nalungtik visi jeung misi di unggal kubupaten/kota nu aya di sakuliah jagat, estu pagaya-gaya. Basana direka-reka supaya endah, dipapayus sangkan alus tur dipapantes sangkan lemes jeung saterusna.

Malum di unggal lembur oge jenuk ahli basa, ahli sastra anu purah ngaruka-reka basa jeung kalimah sangkan kadengena leuwih merenah, ngan bae antukna asa nujah kana manah.

“Ayeuna mah di unggal lembur baroga pisi jeung misi pagaya-gaya. Eta teh kumaha maksudna nya Tong?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Desa Gunungsari Kuningan Diikutsertakan dalam Penilaian P2WKSS Provinsi Jabar

“Manawi kanggo dijantenkeun ugeran pikeun ngudag tujuan hirup ka hareup luyu sareng program pangwangunan nu aya di eta lembur, Mang,” jawab Si Otong.

“Heueuh da, nya Tong. Baheula mah hirup di pilemburan teu ngadenge pidato visi teu ngadenge bewara misi, rarasaan teh asa tengtrem ayem, ulin ka leuweung matak ludeung, indit ka kota teu sieun balukarna.

Ayeuna mah nu aya teh inggis ku bisi, rempan ku beja, nu aya iwal ti melang tur hariwang. Padahal di unggal lembur sapanjang jalan pisi jeung misina dibeberkeun harebat, tapi aneh teu bisa ngajamin kana katenangan hirup luyu jeung harepan rahayat, heran ka mah?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: BNPB Salurkan Dana dan Satu Unit Mobil Dapur Umum ke Pemkab Kuningan

“Atuh manawi jamanna tos robih, margi ari kapungkur mah aya kasebatna, jaman tai kotok dilebuan, Mang!” jawab Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x