Sabulangbentor: Baheula Cukup Ku Nyebutkeun Pamali

- 27 Agustus 2023, 07:37 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Cai cur-cor dimana-mana. Herang tur beresih bisa dipake kaperluan hirup, timiti ngisikan, mandi, ngeueum budak nu rek disunatan, ngala lauk jeung sajabana.

Atuh lamun hayang awet ngora, mandi janari atawa ngabungbang di dileuwi diteruskeun kana mandi di tujuh muhara. Luar biasa, eta alam nu aya disabudeureun urang, kitu baheula mah.

“Ayeuna kumaha atuh Mang walungan nu aya di lembur urang kaayanana?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Kado Terindah Hari Jadi Ke-525 Kuningan, Disdukcapil Persembahkan Penghargaan

“Deleh ku nyaneh, ulah nanya ka kaula. Kaula mah geus lila ge tara ngahagal-hagal ka Cigede (walungan). Atuda rek naha!” tembal Mang Suadma.

“Geuning Mamang jiga nu ambek? Ambek ka saha kitu Mang?”

“Aing mah lain ambek, ukur meupeus keuyang ka maneh, da jaman Mamang mah Cigede teh kacida gede mangpaatkeun keu kahirupan urang lembur. Bisa dipake kaperluan mandi, susuci, ngisikan, nyeuseuh, kukumbah jeung sajabana.

Baca Juga: Mutasi Digelar Awal September, Pejabat yang Dekat dengan Bupati Kuningan Akan Banyak yang Kecewa

Naha ari ayeuna, cai anu tadina sakitu herang ngagenclangna ayeuna robah warna bari jeung biuk (bau) kokotor. Kalah ka hayang ongkek,” walon Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x