Sabulangbentor: Jadi Pagawe Rek Ngabakti Atawa Ngabati?

- 1 September 2023, 13:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ras inget ka kolot urang baheula lamun mepende budakna, boh dina geongan atawa dina aisan sok dibarengan ku kakawihan. Kawih anu digalindengkeun ku kolot urang harita saking asikna ngahariring, budak anu keur diayun ambing tepi ka reupna sare tibra.

Kurang leuwih basana teh kieu; nelengnengkung-nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka Bandung keur makayakeun indung.....!

“Kolot baheula mah papatahan ka budak teh estuning matak nyeredet kana hate tur sumerebah kana bayah. Sakumaha wasiat kolot ka budakna, kahade ujang, nyai, anaking, adi-ing lamun isuk jagabing geto ujang/nyai jadi pangagung kudu ngaji ngabakti ka ieu nagri, kumawula ka nagara, ngebela nusa jeung bangsa!” cek Mang Suadma, niron-niron ucapan kolot baheula.

Baca Juga: Pameran Pembangunan Beralih Ke Open Space Gellery Cilimus Kuningan

“Aduh… Mang, eta papatah kacida nyerepna tur lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ayeuna mah asa arang langka anu wasiat sapertos kitu teh,” omong Si Otong.

“Heueuh...., atuda ayeuna mah jaman materialistis, anu disebut jalma sukses teh anu luhur kuta gede dunya, loba duit, beuncir leuit, bro dijuru bro dipanto bari jeung ngalayah di tengah imah babah, cek kasarna,” jawab Mang Suadma.

“Muhun Mang, harepan jalmi alam kiwari sapertos kitu, benten sareng para sepuh urang kapungkur, Mang,” walon Si Otong.

Baca Juga: Data dan Angka Menjadi Kompas yang Diandalkan, Diskopdagperin Kuningan Buktikan Pencapaian Kinerja RPJMD

“Cek uing ge ayeuna mah jaman piduit alias materialistis, sagalana diukur ku duit jeung diduitkeun. Jauh tanah kalangit jeung pamadegan jalma baheula lamun mepelingan ka anak atawa incuna teh estuning matak nancleb kana ati sanubari,” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x