Sabulangbentor: Jadi Pagawe Rek Ngabakti Atawa Ngabati?

- 1 September 2023, 13:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Punten Mang, diantawisana pepeling karuhun urang kapungkur sapertos kumaha deui?” Si Otong malik nanya bangun panasaran.

“Yeuh Tong, aki maneh baheula, lamun nyaritaan budakna kacida ati-atina. peupeujeuh cenah, ari jalma teh kudu pinuh ku pangaweruh, jembar ku pangabisa tur sugih ku pangarti sangkan hirup urang tambah nanjung.

Baca Juga: Bupati H. Acep Purnama Titip Kuningan kepada Siapa pun yang Akan Jadi Penerusnya

Padahal kolot urang baheula teu sakola luhur ieuh, tapi wasiat kana urusan moral dinomer hijikeun, numatak budakna enggoning hirupna estu ngabakti demi kamajuan nagri,” cek Mang Suadma.

“Numawi Mang, abdi mah sok manghariwangkeun upami sepuh-sepuh urang tos teu araya nya bade saha deui anu bade masihan pepeling demi kasalametan diri, kulawargi katut balarea?” tanya Si Otong.

“Tah geuning maneh ge ngarti, kulantaran kolot urang tos teu araya, anak incuna nu jadi pagawe nagri boh luar nagri sakapeung sok salah tapsir. Sakuduna ngaji ngabakti ka nagri, geuningan robah jadi ngudag-ngudag bae bati. Padahal urang dipercaya ku nagara (jadi pagawe atawa pejabat) teh, saestuna pikeun ngabdi.

Baca Juga: Dalam Usianya yang Ke-15, STIKes Muhammadiyah Kuningan Gelar SFCo

Najan pajaman geus robah, tapi urang kudu boga pamadegan anu pengkuh. Naha jadi pejabat teh rek ngabakti atawa ngabati? Lamun ukur rek ngabati alias kekedewek, rek kumaha majuna ieu lembur teh. Atuda bongan salah larap, antukna tina ngabakti jadi ngabati, jah.......!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah