Sabulangbentor: Ditagihna Ulah Didunya Mending Engke di Aherat

- 5 September 2023, 16:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Asa cekeneh usum pilihan teh ayeuna geus mangsa pilihan deui. Atuh ti mimiti pilihan RT, RW, Kadus, Kades jeung saterusna ayeuna mimiti harengheng kawas seeng ngereng-ngereng. Kagila-gila teuing, rek pilihan naon bae ulah sok digede-gedekeun, cik kahayang teh biasa-biasa bae, montong sok haneut-haneutkeun.

Kawas anu kakara bae, apanan geus biasa hirup dipilemburan milampah pesta demokrasi anu ku urang dipilampah. Ijab ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk oge apanan kitu-kitu keneh carana milih teh.

“Aya sabaraha calon nya Tong nu rek makalangan jadi pamingpin rayat teh?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Jabatan Direktur PAM Tirta Kamuning Diperebutkan tapi Pelayanan ke Perum Korpri Cigintung Diduga Terabaikan

“Ari patarosan teh teu kedah nu abot-abot, nu enteng-enteng bae atuh Mang,” walon Si Otong.

“Atuh heueuh eta maksudna mah. Aya sabaraha urang kitu?” Mang Suadma, keukeuh nanya ka Si Otong.

“Manawi langkung ti hiji, tiasa janten dina geprakna mah bakal langkung seueur, margi saha jalmina nu teu hoyong janten pangagung anu sok diugung-ugung, mangga eta mah urang ningali, kumaha derna bae. Atuh abdi mah kumaha saena, abdi ngiringan bae, kumaha cek si rea,” omong Si Otong.

Baca Juga: Wisata Religi Majelis Taklim Cibingbin Kuningan Bersama Arya Permana Graha ke Makam Sunan Gunung Jati

“Oh, heueuh nya. Kira-kita naon bae anu dibewarakeun dina kampanyena ku eta calon keur cekeleun urang atawa masarakat ka hareup?” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x