Sabulangbentor: Ditagihna Ulah Didunya Mending Engke di Aherat

- 5 September 2023, 16:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Sadaya calon oge pasti sarae, Mang. Intina, sadayana oge ngaronjatkeun kamakmuran sareng karaharjaan keur sakumna rahayat,” walon Si Otong.

“Tegep atuh nya Tong. Muga-muga we anu dijangjikeun ku para kandidat bisa bukti kalawan nyata (lain bubuk roti dina mata). Eta pisan nu dipiharep ku Mamang, boa batur ge sarua. Hayang hirup subur kalawan mamur, loba duit buncir leuit, rea ketan rea keton, bro dijuru bro dipanto, cek cohagna. Kitu lain?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Sebentar Lagi Lengser, Bupati Kuningan Tetap Diganjar Penghargaan Anugerah Anubhawa Sasana

“Kantenan pisan atuh Mang, eta nu dipiharep ku urang sadaya. Sugan we kapayun Mamang teu buburuh koprek teuing. Atuh kahirupan teh rada nyenghap, teu eungap teuing sapertos nu entos-entos. Namung, kumaha Mang, upami eta anu kantos dijangjikeun teu karealisasi?” tanya Si Otong.

“Kusabab maranehana jangji, ari jangji teh hutang anu kudu dibayar, ku Mamang pasti rek ditagih. Tapi nagihna ulah didunya, enggke bae di kampung aherat. Sabab lamun ditagih ayeuna atawa ditanyakeun di dunya mah pasti jawabanana loba uget.

Keuangan di lembur urang samporet tea, pon kitu sumber pendapatan sejenna teu nyumponan keur ngabeyakeun pangwangunan jeung rea-rea deui alesan.

Baca Juga: Kolecer Dorong Tingkatkan Budaya Baca Bagi Masyarakat Kuningan

Mamang mah nagihna moal di dunya kacangkeul-cangkeul sungut, dalah didemo ge angger we dengdek, komo ditagih ku dewek. Daek salamet, ku kaula rek ditagih di aherat sabab ari jangji teh hutang, mun teru dibayar eta mah wayahna, sapa salah sapa bener bae,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah