Sabulangbentor: Prohram Lembur Caang Tipeuting Saha Nu Neruskeunana?

- 26 September 2023, 19:31 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Baruk teh pagawean oge asa can puguh hanca, kaligane sawatara pejabat digusar-geser pikeun nempatan posisi kalungguhan anu anyar. Atuh puguh keur anu anyar pinanggih kudu nyangking eta kalungguhan pasti matak balueng. Beda deui jeung nu kaparengkeun lempeng tikoro da asa diteunggar congcot atawa bilatung ninggang dage, cek paribasana.

“Jigana lain pedah mutasi-mutasi teuing anu matak ngajadikeun saheuhah teh. Atuda keur meumeujeuhna sumanget gawe da kari sababaraha bulan deui nincak ahir taun, keur ngarengsekeun sesa-sesa pagawean anu tacan saratus persen, kaligane kudu pindah tampian. Atuh puguh, baruk teh ieu kuring kudu ngagawean naon?” cek Mang Suadma, neruskeun beja ka Si Otong.

“Aduh.... Mamang teh, naon deui atuh, naha teu aya cariosan salian ti eta?” Si Otong malik nanya. “Caritakeuneun mah jenuk, ngan anu keur haneut-haneut tai kotok, sual gusar-geser kalungguhan ahir tahun ieu,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: MKKS SMA Kabupaten Kuningan Dorong Sekolah Wujudkan Program Kepalangmerahan

“Atuda perkawis gusar-geser kalungguhan mah kawenangan nu gaduh kakawasaan. Bawahan mah kantun milampah kana eta kabijakan anu parantos ditangroskeun ku pingpinan. Kitu manawi Mang!” tembal Si Otong, daria (serius). “Andika nyarita ngawakilan saha ieu teh, apanan soranganana oge tulunganeun batur, ti bareto hayang nyangking eselon teu ised-ised. Teu ngarti Ka mah,” tembal Mang Suadma.

“Ampun paralun Mang, abdi mah teu ngawakilan sasaha da sanes juru bicara gedung putih,” tembal Si Otong. “Geuningan eta basana jiga nu boga kawenangan, persis pisan anu sok dicaritakeun ku sawatara pangagung,” cek Mang Suadma.

“Eta mah nuju latihan nyarios, Mang. Bilih isuk jaganing geto abdi kaparengkeun janten petinggi nagri moal bireuk deui kana eta babasan sapertos kitu teh. Ari atos apal mah kantun ngagorolong bae nyarios da tianggalna parantos latihan tea,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Identitas Pelamar Calon Direktur PAM Tirta Kamuning Kuningan yang Tidak Lolos Administrasi Masih Misterius

“Eta mah terserah anjeun, rek latihan ngomong rek latihan berkelit, madia teuing. Ngan eta aya prohram anu can anggeus ditinggalkeun kunu ngokolakeunana. Cik bayangkeun ku andika, prohram lembur caang ti beurang anu kuduna geus rengse bareto keneh tug ka kiwari angger jenuk lembur poek ti peuting?” tanya Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x