Sabulangbentor: Partai Teu Ngusung Birokrat Potensial, Terlalu....!

- 17 Maret 2024, 18:09 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Rarasaan asa kamari ieu pilihan teh, ayeuna (taun ieu) rek pililhan deui bopati kalawan serempak di sakuliah lemah cai. Teuing enya, duka bener, danget-danget ieu para kandidat keur tihothat pikeun marebutkeun rekom ti masing-masing pupuhu partai nu aya di puseur dayeuh. Pon kitu diinteren partaina sorangan keur meumeujeuhna harengheng, da masing sagerbong ge parahi hayang meunang rekomendasi ti tonggoh pikeun sarat makalangan.

“Katenjona mah sasama beus kota oge jiga nu akur, padahal diantara maranehanana keur silih seging sangkan rekomendasi ti pingpinan partai pusat ragrag ka manehna. Jah… pulitik, kaula mah teu ngarti sapisarateun komo keur nu bodo model Mamang mah. Ngabandunganana oge menit, malah saditueun ti menit, mending kerek di pos ronda sakalian koprek (ronda malam) bari ngahudangkeun saur,” cek Mang Suadma.

“Mamang mah aya-aya bae, ongkoh sare tapi bari koprek, bade sare mah sare bae atuh Mang, teu kedah sare bari koprek. Kukumahaan eta teh,” cek Si Otong. “Da heueuh atuh, rek mikiran pulitik mah matak jangar, nya Tong!” jawab Mang Suadma. “Kunaon Mamang ngemutan pulitik sagala, anggota dewan sanes, pulitisi sanes, pon kitu pengamat oge sanes? Namung sapertos nu serius upami nyabit-nyabit Pilkada teh?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Tanda Tangani Fakta Integritas, Disdikbud Kuningan Ingin Membudayakan Angklung Diatonis Secara Universal

“Andika mah teu kaop aing rada cerdas, embung bae kaluhuran saised ge, buktina andika sok ngece tur nganggap sapele ka kaula teh. Masing kaula tukang buburuh koprek ge kudu apal kana urusan pulitik mah, sangkan rada melek saeutik. Apanan di daerah urang ge rek aya Pamilukada Bopati lain?” tanya Mang Suadma.

“Atuh kantenan, pasareng kabupaten/kota sanes anu kaparengkeun Pamilukadana serentak tea. Atuh kedah tatan-tatan urang nu janten rahayatna pikeun nyukseskeun eta pesta demokrasi teh,” jawab Si Otong. “Bener pisan maneh Tong. Kumaha perkembangan pulitik di lembur urang ayeuna?” Mang Suadma malik nanya.

“Atuh ti kalangan partai anu bade makalangan ayeuna nuju persiapan ngayakeun rapa-rapat tur milampah silaturahmi pulitik ka tiap konsituen sangkan kanilai ku pingpinan partai nu aya di pusat kalawan diharepkeun turun rekomna pikeun nyalon kapala daerah engke,” omong Si Otong.

Baca Juga: Membantah Money Politic ketika Diperiksa Gakkumdu, Caleg Dapil 1 Kuningan Ditantang Sumpah Pocong

“Ke,ke, ke, geuningan asa tibalik kadengena teh. Baruk calon bopati keur tihothat ngadeukeutan pingpinan partai nu aya di pusat sangkan meunang rekom? Disagedengeun ti eta, tidak kalah penting, partai kudu waspada tingal pikeun pendekatan ka calon bopati/wakil bopati, hususna ti kalangan birokrat (pejabat) anu mibanda kapasitas tur bisa ngadongkrak suara demi kemenangan Pilkada.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x