SABULANG BENTOR: Nempatkeun Posisi Jabatan Lain Ukur Bener Cek Sorangan

10 Mei 2023, 06:30 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Asa lieuk beuheung sosonggeteun, cek paribasana, ngantian mutasi jeung rotasi teh.

Kusabab rek mutasi waktuna tambah ngayayah antukna nambahan harengheng di kalangan pejabat anu geus teu sobar hayang nyangking kalungguhan (jabatan) anu kawilang strategis.

Numatak teu aneh lamun enya tea muncul tilu kelompok anu marebutkeun posisi stratehis luyu jeung kahayang masing-masing.

Baca Juga: 10 Nomor Telepon Penting di Kabupaten Kuningan yang Bisa Dihubungi dalam Keadaan Darurat, Ini Daftarnya

Sugan gawe di gogobrogna ngatur hayang nyangkin jabatan itu, jabatan ieu teh. Kumaha pangrasana....!

“Kagila-gila teuing, bawahan jiga nu mawa karep sorangan, lir atasan mah asa pangkawasana, sagala rupana ngan rek dipulitisir bae.

Sugan rek hirup salilana nyangking predikat pangagung atawa hirup di birokrasi teh, apanan aya watesna sagala rupana oge.

Baca Juga: Informasi Penting, Ini Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

Ulah sok kagila-gila teuing, kawas nu rek kiamat bae,” cek Mang Suadma.

“Manawi tereh kiamat kitu Mang?” tanya Si Otong, panasaran.

“Ari kiamat mah pasti, tapi duka iraha ngan tanda-tandana geus loba. Anu puguh mah ngabadeg jalma mangpang-meungpeung jiga isuk erek kiamat bae.

Baca Juga: 214 Santri Ponpes Binaul Ummah Kuningan Diwisuda Didorong Menjadi Generasi Qurani

Lain ngalobaan amal soleh, kalah ka ngagugulukeun bae napsu haliah dunya.

Mending mun cara nu dipilampahna halal tur dipikaridho ku Gusti Nu Maha Suci, tangtu kaasupna ibadah meureunan,” omong Mang Suadma.

“Nya aya jalmi nu mangpang-meungpeung, Mang? Di lembur urang mah asana teh moal aya, namung duka eta ge, bilih aya sasamianana sareng di lembur batur,” omong Si Otong.

Baca Juga: IHT Guru SMA Negeri 3 Kuningan Memasuki Tahun Pelajaran Baru Pelaksanaan Kurikulum Merdeka

“Kumaha andika teh, ari ngomong jeung kolot ulah sok diulinkeun. Kaula mah keur nyaritakeun rea jalma anu jiga keur mangpang-meungpeung dumeh sagala rupana teu weleh dipulitisir.

Najan kiwari mapag taun pulitik teu sakabeh kudu dipulitisir. Komo salaku pejabat atawa pangagung mah kudu bisa ngawilah-wilah, endi urusan pulitis, mana urusan teknis.

Atuh pabeulit upama sagala rupana dibarengan nuansa-nuansa pulitik mah,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Etik & Dede Dilempar ke Provinsi dan Pusat, 5 Incumbent PKS Tetap Mencalonkan di Kuningan

“Buktosna naon Mang, sagalana sok dipulitisir bae?” Si Otong, malik nanya.

“Nyaneh mah sok api-api (pura-pura) bodo, tapi belegung. Etah sakitu nampeu hareupeun ese bolor (mata).

Upamana bae cara nempatkeun pejabat anu teu luyu jeung kompetensina!” tembal Mang Suadma.

“Nya aya kitu Mang di lembur urang?” tanya Si Otong.

“Waduklah, dasar andika mah anak buah bandar. Sagala rupana sok asa bener dewek.

Upamana bae, dina mutasi atawa promosi, sajeroning nempatkeun hiji pejabat lain ukur bener cek sorangan.

Tapi kudu nyumponan kana opat parkara anu disebut bener teh, kayaning bener cek sorang, bener cek umum, bener cek agama jeung bener cek nagara.

Najan ngarasa bener cek sorangan, tapi cek umum, cek agama katut nagara teu bener ulah dipaksakeun.

Sugan ari maksakeun hiji jalma lain dina tempatna/ahlina, apanan matak gejed dina gawena oge.

Lamun gawena ukur ngagugurkeun kawajiban, apanan anu rugi mah bawahan, malahan leuwih ti kitu sakumna rahayat anu bakal ngarasakeun tina hasil kabijakan pingpinan teh.

Apanan ari rahayat mah kahayangna kawilang basajan (saderhana) kayaning, miharep pamingpin ti mimiti kepala unit kerja tepi ka nu leuwih luhur tur bisa nyumponan kahayang balarea pikeun ngahontal kasajahteraan masyarakat.

Ukur sakitu kahayang rahayat mah, teu loba uget ieuh,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler