Sabulangbentor: Sangkan Ulah Jahat Wedang, SKPD Dimerjer

8 Agustus 2023, 02:40 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Cenah jeung baruk, lain di hiji lembur bae anu keulat gagal bayar teh. Dalah di lembur batur ge, cenah sarua.

Ngan bae meureunan ari di daerah batur mah aya nu tereh-tereh kaubaran tepi ka cengharna deui.

Aya oge anu ngareunggeuy, jiga nu gering nangtung. Atuda itu kabayar, ieu gorowong sabab sumberna tina anggaran anu jumlahna sakitu-kituna.

Baca Juga: Desain Lintasan Sirkuit Jadi Ujian Praktek SIM di Kuningan

Ku sabab nginjeum ti ditu, ngahutang ti deui antukna kawas dina judul lagu. Gali lobang tutup lobang, pinjam uang bayar utang........!

“Naha enya atawa bener aya keneh kabopaten anu can poldan keur mayaran gagal hutang nya Tong?” tanya Mang Suadma, ngamimitian.

“Manawi atuh Mang, abdi bade nyariosna oge palalaur, bilih kumaonam komo ayeuna nuju usum pulitik bilih dipulitisir,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Kalahkan Incumbent dan Mantan Kades, H. Yana Melenggang Jadi Kades Cikubangsari Kuningan

“Dipulitisir pedah naha, jamak we nanyakeun mah, apanan ieu teh hak urang anu kudu dibayar geus mangbulan-bulan angger kieu keneh-kieu keneh,” jawab Mang Suadma.

“Leres kana kituna mah, namung bade mayarna timana, sanes artos sakedik dua kedik.

Saurna ngahontal ratusan juta, malihan nu ngokolakeunana tos jubrag-jabrug kaditu-kadieu.

Baca Juga: Terpilih 2 Calon Kades Baru, Camat Kramatmulya Kuningan Minta Jika Ada Masalah Diselesaikan dengan Musyawarah

Nandakeun nuju ihtiar kanggo babayarna, mamanawian isuk jaganing geto tiasa dilunasan. Kitu manawi atuh Mang,” walon Si Otong.

“Naha euweuh tarekah sejen pikeun mayaran atawa nyicil ke para pagawe sangkan ulah rame teuing.

Sugan we atuh ari geus kabayar saeutik-eutikeun mah di pilemburan teh henteu harengheng teuing.

Baca Juga: Mantan Kades Ambil Alih Posisi Kades Padamenak Kuningan

Atuda nganjang kaditu kadieu teh anu dipake alesanana tunjungan can dibayar. Kitu jeung kitu we kadengena matak menit nu ngabandunganana,” omong Mang Suadma, panjang lembar.

“Tangtos tarekah parantos dipilampah kalawan maksimal, namung rupina teu acan dugi kana waktosna poldan,” cek Si Otong.

“Geuning andika mah bageur, jiga nu ngilungan bae ka bandar. Naha teu karasa ku andika mangbulan-bulan tunjangan teu cair-cair?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Tidak Menyangka, Bupati Kuningan Sangat Empati Memberi Sumbangan Untuk Masjid SMPN 1 Kalimanggis

“Tangtos karaos pisan, komo abdi mah pagawe rendahan. Nampi gajih ge sesa ka bang sareng koperasi, atuh nu katampi kacandak ka bumi ukur sesa, duka lah matak isin, Mang.

Mana kitu tos milik rejeki abdi, kedah ditampi kalawan kasobaran,” omong Si Otong.

“Alus Tong, lamun pagawe kawas maneh kabeh, jigana gagal hutang moal kabayar saendengna. Tapi Mamang mah boga ide, lamun hayang tunjangan kabayar saeutik-eutikeun,” cek Mang Suadma.

“Nya carana sapertos kumaha, Mang?” Si Otong malik nanya.

“Sangkan ulah jahat teuing wedang, hadena sawatara SKPD anu sarumpun kudu direndonkeun alias dimerjer.

Apanan lobana SKPD bakal loba deui waragad anu kudu dikaluarkeun. Atuh ieu mah satungtung gering nangtung ngalanglayung, prak geura aya keberanian pulitik pikeun ngamerjer SKPD anu sarumpun.

Cek Om Boy jeung Mang Jono tea mah, ladang merjer duitna bisa dipake nembelan gagal hutang sangkan tunjangan bisa kabayar. Wani henteu, Bro?” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler