Sabulangbentor: Poma Ulah Rek Mungpang ka Kolot

22 September 2023, 20:34 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Duka kumaha mimitna geuningan jaman kiwari mah anak ka kolot teh aya keneh nu teu hormat tur teu hidmat (kumawula). Duka salah saha salah bisana kajadian model kitu teh. Baheula mah tara aya budak mungpang (teu nurut ka kolot/nolak parentah kolot), komo bari jeung ngahegak sagala mah. Lamun dititah ku kolot harita pok harita keneh belenyeng indit nohonan parentahna.

“kinten-kinten lepat saha Mang saupamina aya murangkalih mungpang atanapi teu hormat kanu janten sepuhna?” tanya Si Otong. “Meureunan salah duanana, bisa salah kolotna atawa salah budakna. Tapi ari budak mah suci, rek dihideung, rek dibeureum kumaha hasil atikan reujeung didikan indung bapana!” jawab Mang Suadma.

“Oh.. janten sepuhna anu kedah leres-leres ngadidikna?” tanya Si Otong.
“Nya heueuh atuh, lamun kolotna hade laku lampahna, tinangtu budakna oge moal jauh anu dicontokeun ku indung bapana,” jawab Mang Suadma. “Leres nya Mang, aya dina paripaos, teng manuk teng anak merak kukuncungan. Hartosna kahadean nu jadi anak modal jauh jeung kahadean anu dipilampah ku sepuihna,” walon Si Otong.

Baca Juga: U. Kusmana Terpilih Untuk Pimpin Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kuningan

“Tah … geuning silaing apal. Eta teh caritaan karuhun urang baheula, ari kalakuan budak mangrupa eunteung (kaca) nu jadi indung bapana. Sabab ari uyah mah tara tees ka luhur. Hartina, kalakuan kolut baris tumerap atawa turun ka anakna,” cek Mang Suadma. “Bahaya atuh Mang, upami sepuh lepat ngadidikna?” Si Otong malik nanya.

“Atuh lain bahaya deui, eta mah cilaka dua welas Tong!” tembal Mang Suadma.
“Ayeuna seueur buktosna. Kapungkur mah tara aya barudak ngelempung udud tepi ka ngandar hareupeun balarea. Ayeuna mah tos dianggap biasa, Mang,” omong Si Otong.

“Heueuh, atuda kumaha ieu mah. Bisana budak ngelepus udud atuda dicontoan ku gogobrogna. Belaan keur mayar SPP mah diajuk, tapi lamun keur meuli ududeun sapoe ledis dua bungkus oge teu naha-naha,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Unik, 4 Bulan Lagi Pensiun tapi Dikukuhkan Menjadi Pengurus MKKS SMP Kuningan, Ini Daftar Pengurusnya

“Ari tos kitu kedah kumaha carana sangkan para putra arurang janten murangkalih anu saroleh tur solehah?” tanya Si Otong. “Cek kolot baheula, sememeh bisa melak bako ulah waka udud. Atuh nu jadi kolot kudu bisa mere conto, lain ukur ku carita, tapi ku laku lampah anu hade. Pon kitu nu jadi anak, ulah rek mungpang kana parentah kolot salagi keur kahadean.

Sabab ari indung teh tunggulna rahayu, bapa tangkalna darojat. Ulah rek munjung ka gunung, muja ka sagara, prak geura tumut kalawan menta pangampura ka indung bapa tur pidoana sangkan urang tinemu jeung kabagjaan, kasalametan pidunya wal akhiroh, amin….!” Cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler