Sabulangbentor: Naon Tujuan Jadi Pejabat, Pamer Ka Rayat?

- 21 Agustus 2023, 12:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Saha jalmana nu embung jadi pejabat atawa nyekel kalungguhan anu kawilang stratehis. Komo mun kaparengkeun jadi pangagung anu teu weleh diugung-ugung, jigana teh moal rek embung.

Hartina ngabadeg keneh nu harothot tibatan anu malen (teu minat), tetela kana urusan haliah dunya mah arang langka nu teu doyan (beuki), iwal ti hayam nu teu beuki duit mah.

Umumna manusa hayang loba duit, buncir leuit, rea ketan, rea keton, hirup salieuk breh jeung saterusna. Kagila-gila teuing.....bro!.

Baca Juga: SMP Negeri 1 Kuningan, Sekolah Peninggalan Jaman Belanda Mendapat Perbaikan

“Ari urusan dunya mah moal aya tungtungna, nya Tong? Geus boga sadeupa hayang 3 deupa, geus boga mobil hiji hayang dua, jeung saterusna. Jigana salagi tacan nyanghulu ngaler mah moal aya seubeuhna!” cek Mang Suadma.

“Atuda namina ge haliah dunya, teu sepuh, teu anom, sami bae. Malihan tambah sepuh kalah ka tambah sarakah, sanes ge tobat ka Pangeran. Peupeuriheun harita keur ngora sagala teu kabujeng nya Mang? Atuh ayeuna waktosna tobat!” Cek Si Otong.

“Nya heueuh atuh, andika ulah ukur nyarita, tapi buktikeun dina kahirupan sapopoe. Komo anjeun mah leutik-leutik ge boga eselon, ulah sok selon. Sugan isuk jaganing geto kaparengkeun nyangking kalungguhan empuk tur baseuh deuih, moal kaget,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Diduga Ngantuk, Mobil Kadisdikbud Kuningan Nabrak dan Korban Alami Patah Tulang Kaki

“Leres pisan Mang, abdi sok kabita upami ningali rerencangan nempatan posisi anu stratehis. Duka kumaha eta teh, nu sanes mah jiga nu gampileun pisan nyangking eselon luhur teh,” walon Si Otong.

“Shobar.. shobar, Tong, sagala oge aya waktuna. Sabab manusa teh parahi mawa milik rejeki masing-masing, sabab aya nu nangtukeun kana kahirupan urang sapopoe.

Numatak ulah sok rea teuing pikiran, da iraha-iraha ge anjeun bakal kasampean,” tembal Mang Suadma, itung-itung ngubaran hate Si Otong.

Baca Juga: Ketua Bawaslu Kuningan Berganti dari Abdul Jalil Hermawan ke Firman, 2 Panwaslu Kecamatan Akan Di-PAW

“Oh kitu nya Mang? Tanya Si Otong.

“Nya heueuh! Sabab kangaranan jodo, pati, bagja jeung cilaka, anging kersaning Nu Maha Kawasa. Urang mah darma ihtiar, nu nangtukeun mah anging Alloh Swt. Teu kudu galider.

Jeungna deui naon tujuan urang jadi pejabat teh? Naha rek nyaah ka rayat, atawa sabalikna, ukur ngabibita jeung mamerkeun pangaboga ka hareupeun rayat? Nu matak rea pejabat tikosewang kana jungkrang kahinaan boa-boa niatanana geus teu campleng.

Baca Juga: PPK Hantara Jadi Komisioner Bawaslu Kuningan, Penggantinya Sudah Jadi PPPK di Luar Daerah

Naha cita-citana rek memperkaya diri, ngeruk duit anu lain hakna, gagaridus jeung saterusna anu ahirna poho kana tujuan hirup nu sabenerna.

Ari jabatan teh rek dibawa kumaha oge bisa, ngan resikona, lamun tujuan jadi pejabat ukur ngudag haliah dunya, ngalajur napsu ngumbar amarah, tunggul digabrug catang dirumpak eta mah kari nanggung akibatna, nyeri peurih bakal kapanggih, lara wirang bakal kasorang.

Naudzubillahimindzalik!. Tapi lamun udaganana kumawula ka nagara, ngebela nusa jeung bangsa, lain kumawula ka perorangan, Insya Alloh, hirupna eta pejabat bakal tinemu jeung kabagjaan dunya wal ahiroh.

Baca Juga: SMAN 1 Kadugede Kuningan Gelar Jalan Santai Meriahkan HUT ke-78 Kemerdekaan RI

Jigana moal pati euweuh pejabat hirupna anu medah-meduh, hanas tatangga nu aya disabudeureunana aya keneh ku kutap-ketap hase neangan dahareun. Jah.......ngahuntu, Bro.....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah