Sabulagbentor: Ongkoh Harese Duit, Studi Ulin Lancar

- 29 September 2023, 13:07 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ari disampeur mah gagaro hulu teu ateul, malah sok papaehanan sagala, pedah naha? Da jalma salelembur oge moal percayaeun yen pejabat teu boga duit, buktina urusan studa-studi mah jiga nu gampangeun pisan.

Masing nyebut keur werit ku duit oge moal diandel, sugan ngomong jeung tembok. Jah.... da anjogna mah, ngarti rayat oge, ngan teu kongang ngedal wungkul. “Iraha Tong maneh piknik?” tanya Mang Suadma.

“Piknik kamana Mang, sakieu nuju harese artosna, malihan seueur keneh anu teu acan kabayar.  Bujeng-bujeng kanggo pelesir, anggaran kanggo pangwangunan oge sementawis distop heula. Manawi wayahna wae eta mah atuh iraha-iraha sugan aya anggaranana urang tiasa pelesir sapertos anu dipilampah kantor sanes,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Predator Macan Harus Diperbanyak, BTNGC dan Pemda Kuningan Harus Duduk Bersama

“Heueuh nya Tong, ngaggugulung pagawean bae mah moal aya tungtungna. Atuh itung-itung ubar stres, sakali-kali incah kaluar kota, malah aya nu nyabrang ka luar pulo sagala, cek beja mah. Eta beja teh naha bener atawa enya?” Mang Suadma, malik nanya. “Upami Mamang parantos uninga mah teu kedah naroskeun ka abdi, bilih atuh eta wartos teh teu lepat,” cek Si Otong.

“Kumaha andika nyarita teh, baruk teu lepat, berarti bener. Ari kaula ukur nyocokeun inpormasi, naha anu studi ulin ka luar kota jeung kaluar pulo teh enya atawa bener? Ari keur Mamang mah rek bener atawa enya teu masalah, lain urusan. Ngan bae pedah ayeuna anggaran pangwangunan disungkeret, ari waragad keur pelesiran jika nu babarieun,” cek Mang Suadma.

“Perkawis waragad mah upami diayakeun nya aya, komo saupamina tos dirarancang ti anggalna, tangtos kantun belenyeng bae, sanaos bari susulumputan oge antukna sami sareng ngawartosan bulu tu-ur,” omong Si Otong.

Baca Juga: Tiga Tanggung Jawab Berat Harus Dilakukan Disporapar Kuningan

“Atuh heueuh, da anu ngawaskeun teh lain sorangan, apanan mata sakuriling bungking pada narenjokeun, komo bari jeung taya kaingetna mah, wajar bae rek diramekeun oge.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x