Sabulagbentor: Lain Rek Ongkang-Ongkang Dina Korsi Goyang

- 7 Desember 2023, 16:23 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Rarasaan teh asa kagunturan madu wirehna kahadiran pangagung anu dijagokeun ku pusat mancen di lembur urang, najan ukur sataun pikeun ngabeberes saniskara pasualan anu kiwari pajeujeut lir kadia bola (benang) kusut. Mudah-mudahan wae eta pangagung samentara teh bisa ngalaksanakeun tugas kalawan daria (serius) sangkan eta pasualan nu nerekab di lembur urang gancang rengse.

“Mamang mah teu weleh ngadoakeun ka eta pangagung anu diutus ku pusat pikeun ngabeberes saniskara pasualan nu aya di lembur urang tepi ka kiwari masih keneh ngayayay, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Eta pisan anu dipiharep ku sakumna rahayat, margi dugi ka kiwari teu acan rengse 100 persen. Abdi mah bungah nu aya upami eta pangagung gaduh maksad anu hade pikeun ngabeberes lembur anu sakieu pebaliutna ku saniskara pasualan,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Ketua TP PKK Kabupaten Kuningan Evaluasi Program P2WKSS

“Atuh heueuh, diutusna eta pangagung pikeun mancen di lembur urang lain rek ongkang-ongkang dina korsi goyang. Tapi rek merjoangkeun bangbaluh rahayat anu tepi ka kiwari masih keneh ngagandali. Nu matak ditugaskeunana eta pejabat pikeun ngabeberes permasalahan sangkan gancang rengse tur hasilna bisa karasa karampa ku sakumna rahayat nu aya di daerah urang,” cek Mang Suadma.

“Atuh sae pisan Mang, pamugi eta pejabat teh konsisten enggoning nanjeurkeun bebener dumasar kana aturan anu jinek. Margi upami henteu konsisten enggoning ngalaksanakeun tugas tiasa lebet angin, Mang,” walon Si Otong. “Naon hartina eta istilah asup angin teh, nya Tong?” tanya Mang Suadma, api-api teu ngarti.

“Muhun .... eta tea, upami jalmi lebet angin apanan patuanganana oge karaos bunghak. Numawi anu kedah dijagi teh patuangan anu sehat supados tiasa ngalakonan padamelan luyu sareng kahoyong rahayat dumasar kana bebener, sanes asa pangbenerna. Kitu manawi, Mang,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Disdikbud Kuningan Miris dengan Munculnya Bullying yang Merengguk Nyawa, Ini Langkah yang Harus Dilakukan

“Heueuh nya Tong, eukeur mah hanca anu kudu direngsekeun sakitu ngabadegna, katurug-turug (upamana) anu rek ngagaweanana asup angin pisan, nya kumaha bisa lancarna ngagarap hanca anu masih keneh lega, malahan lamun teu konsisten boa-boa bakal nambahan pasualan anyar,” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x