Sabulangbentor: Gagal Bayar, Tunda Bayar Isukan Ge Dibayar

- 11 Desember 2023, 19:50 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Istilah gagal bayar anu kiwari keur piral diunggal lembur teu weleh disanggah ku nu berkepentingan. Teu ngabibisani kana kituna mah, atuda asa diwiwirang baruk teh, anu tadina rea nu teu apal mimitina, saprak eta kalimah gagal bayar piral (jadi beja sabiwir hiji), ngabadeg nu panasaran hayang nyaho. Kumaha cenah, bisana kajadian samodel kitu teh, ujug-ujug ibur salelembur, ear sajajagat, cek paribasana.

“Punten Mang, anu nandangan gagal bayar teh sanes di lembur urang bae, namung aya sawatara kabopaten anu katarajang panyawat gagal bayar teh,” cek Si Otong, ngilungan kaayaan, malum manehna mah pagawe tea.

“Jeh.... andika mah baruk teh di daerah sejen ge aya. Ulah nurutan anu goreng, erek ge nyonto kanu hadena. Lain berdalih dicontokeun nu gorengna nu aya di daerah batur, ari ngomong teh padu heuay bae,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Pasar Tani Milenial Kuningan Terkendala Pemasaran, Jualan Produknya di CFD

“Mamang oge kedah ngamalum, apanan taun-taun kamari lembur urang katarajang ku saniskara pasualan. Tiawitan lembur urang katarajang pirus, repokusing, sareng sajabina. Jamak we upami aya anggaran kacontang kanggo nambelan waragad pirus sareng repokusing margi upami teu kitu program pangawangunan di lembur urang bakal gejed,” walon Si Otong.

“Kaula ge apal tur ngamalum, ngan anehna gagal bayar di lembur batur ayeuna geus rengse, atuh prohram pangwangunan lancar deui sakumaha biasa. Naha atuh ari di lembur sorangan nya hese beleke rek nuntaskeun pasualan anu can kabayar teh, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Saur pangagung, tos ayeuna mah ulah ngilari embe hideung (jangan mencari kambing hitam), ayeuna mah kumaha carana saniskara problim anu karandapanku masarakat tiasa rengse secara bertahap luyu sareng kamampuan kauangan daerah,” cek Si Otong.

Baca Juga: Ratusan Pesilat PBSS Kuningan Deklarasikan Dukungan pada Calon Anggota DPR RI, Arya Permana Graha

“Kaula mah lain rek ngucah-ngaceh kagorengan nu aya di lembur urang, tapi daerah batur oge anu beubeunangan anggaran daerah (BAD)-na leutik, masing kabentur ku pirus, stunting (balita gagal tumbuh) jeung kamiskinan, prohram jalan tembus can anggeus-anggeus, daya beli masarakat morosot, hahargaan narerekel jeung saterusna, teu kieu-kieu teuing pajeujeutna,” cek Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x