Sabulangbentor: Harga Beas Rarang Kuduna Patani Beunghar

- 28 Februari 2024, 18:53 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Baruk teh bulan ayeuna harga beas bakal balik deui ka harga normal, tapi malahan beuki apung-pangungan. Bareto mah rega beas ngahontal 10 riwu per kg mani geunjleung, tepi ka ibur salelembur tur ear sajajagat. Ari ayeuna harga beas ajol-ajolan, jeh.... geuningan pihak nu boga kawenangan ngadalikeun harga, kawas gaang katincak, jiga nu teu embut, teu renghap. Pedah naha nya Ka?

“Matak wiwirang dikolong catang, nya gede nya panjang, sakolepat ningali dina medsos aya jalma anu keur antri beas, asa kacida lamun enya tea eta kajadian teh bener. Nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Manawi atuh, Mang. Da geuningan karaos pisan ku abdi ge, anu biasana meser lima kilo sakali meser, ayeuna diencrit, sakilo-sakilo,” walon Si Otong.

“Andika nu boga gajih ngarasa eungap kuayana harga beas teu turun-turun teh. Mana komo rayat kuricak anu hirupna koreh-korek cok, ukur nelegan ciduh we meureun nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Tangtos atuh Mang, abdi ge asa pikakaraeun aya harga beas dugi ka ajol-ajolan sapertos kieu. Tapi tenang Mang, moal lami ge bakal panen, harga beas bakal stabil deui,” walon Si Otong, ngarerema jalma kolot.

Baca Juga: Pimpinan Pondok Pesantren di Kuningan Didorong Jadi Peserta BPJS Ketenagakerjaan

“Waduk lah.... sababaraha bulan katukang andika nyarita, baruk teh dua bulan deui rega beas bakal turun, buktina lain ge turun, tapi malah tambah hiber. Prediksi dua bulan kaliwat bakal turun, ayeuna geus leuwih ti dua bulan teu robah-robah, jah... ngahuntu,” tembal Mang Suadma.

“Sobar... sobar.. Mang, urusan pangan mah sanes di urang bae, tiasa bae di sakuliah jagat oge sami,” walon Si Otong. “Sabar-sabar kumaha, sugan ari beuteung teh bisa disabaran atawa dibebenjokeun, sugan engke nyatuna isukan bae, pan teu kitu!” jawab Mang Suadma. “Numawi Mang kedah uninga perkara beas mahal tur langka, sanes urusan di lembur urang, namun dampak tina pangaruh global,” jawab Si Otong.

“Ulah sok berkelit jeung jalma leutik mah andika teh, Kaula mah kumaha carana sandang/pangan murah, beuteung seubeuh, imah pageuh, atuh eta oge... angger baseuh, kitu aing mah Tong, ulah loba teuing uget. Kaula ge apal kana hukum untung rugi, sareatna lamun harga beas mahal, idealna patani kudu loba nu beunghar tina eta hasil tatanen.

Baca Juga: Sempat Terjadi Kampanye di WA tapi Kecamatan Kalimanggis Kuningan Dijamin Bebas Praktek Money Politic

Tapi kabuktian, kasebutna we dina laporan di lembur urang surplus beas tepi ka ratusan ton. Lamun enya kitu, harga beas rarang patani kudu beunghar, patani nu sugih mukti, apanan jenuk nu katalangsara tur matak menit keur meuli beas oge. Eta pedah naha? Tiori teh ulah luhur-luhur ukur dipake berkelit mah, mending nu rasional bae da rayat ge teu bodo-bodo teuing. Ngan rayat leutik mah tara rea omong wungkul kawas nyaneh,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x