SABULANG BENTOR: Nyalametkeun Jabatan Kapala Sakola

- 6 Mei 2023, 06:30 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Saprak dilarapkeun periodenisasi jabatan kapala sakola teu sirikna meunang pangbagea ti sakumna calon kapala sakola (guru) nu hayang jadi kapala.

Sabab moal aya deui jabatan kapala sakolah tepi ka saumur hirup. Ku ayana eta aturan, jabatan kapala sakola diwates ukur opat taun saperiodena, tetela jadi lolongkrang keur nu hayang jadi kapala sakola.

Apanan rea guru ngantian mangtaun-taun tepi ka antri hayang jadi kepala sakola teh.  Deudeuh teuing, karunya nya?

Baca Juga: Ini Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Untuk Hari Sabtu 6 Mei Bersumber dari Kemenag RI

“Ayeuna mah moal aya deui jabatan kapala sakola saumur hirup, nya Tong?” cek Mang Suadma.

“Nya moal atuh, Mang. Atuda saperiodena oge ukur opat taun jalaran  diwates ku aturan tea,” walon Si Otong.

“Nya nuhun atuh, berarti guru anu ayeuna antri aya lolongkrang pikeun nyangking jabatan kapala sakola?” tanya Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah