Gajah Jeung Gajah Kudu Akur

29 September 2020, 22:54 WIB

PAREBUT kakawasaan lain ukur aya di alam manusa, dalah di alam pawayangan oge sarua aya. Saperti perang Baratayuda antara Pandawa jeung Kurawa tur anu perlaya dina medan danalaga lain ukur para ponggawa jeung gegedug karajaan. Tapi rahayat anu teu tuah teu dosa kabawa binasa tepi ka nelasan pati balukar polah nu baroga kakawasaan di eta nagara. Sabab nu baroga kakawasaan parahi embung eleh enggoning mertahankeun egona sewang-sewangan.

“Perang Baratayuda teh upamai alam kiwari mah manawi perang dunya katilu anu kawilang rongkah. Kitu manawi nya Mang?” tanya Si Otong.

“Heueuh andika pinter, deukeut-deukeut kana benerna. Sabab ari perang Baratayuda mah serupaning pakarang dikalaluarkeun pikeun numpurkeun  kakuatan lawan. Tapi anehna lain ukur nu pasalingsing paham jadi korban teh, dalah rereana cacah rucah nu teu apal kana eta perkara teu luput tina panarajang pakarang perang baratayuda,” tembal Mang Suadma.

“Aduh, bahaya atuh Mang? Mending keneh damey sareng papasean teh nya Mang?” Si Otong malik nanya.

“Atuh heueuh, nu matak Pandawa jeung Kurawa atawa Kubu Amarta jeung Kubu Astina kudu sarua ngingkahan Perang Baratayuda. Sabab kangaranan perang mah  taya untungna, atuh nu meunang jadi areng, pon kitu nu eleh jadi lebu,” tembal Mang Suadma.

“Punten Mang tumaros, dupi papaseaan dina lalakon  pawayangan (Perang Baratayuda), naha aya relepansina sareng kahirupan alam sasatoan sanesna?” tanya Otong.  

“Atuh aya pisan, upamana bae, hayam sapamegaran (sakubu) mimitina mah alakur. Tapi teu ngendek lila sok silih pacok diantara maranehanana, ngarana eta teh parebut cikal. Anu ngarasa kasinglidkeun milih koalisi (ngahiji neangan batur) jeung nu teu sakandang,” jawab Mang Suadma.

“Oh kitu Mang?”  tanya Si Otong.

“Nya heueuh! Komo mun nu diaduna gajah jeung gajah. Anu ruksakna lain ukur gajahna, tapi sakuriling bungking  anu dipake galungan, ti mimiti pecalan boled, kebon cau, pon kitu tatangkalan sejenna kabawa rebah. Pang-pangna pepelakan nu lalembut nu sahandapeun gagah pasti bakal kaluludeg. Mun gajahna mikir mah, tatanen kahirupan anu dibangun ti enol, belaan meunang hese cape,   mangsa panen kari metik hasilna kalah ka burakrakan alatan kaguley ku dua gajah. Hadena mah (mun hayang salamet keur kabehan) gajah jeung gajah kudu  alakur, pasti aman. Atuda can naha-naha geus parahi harayang jaradi raja. Dhoh…anjogna mah... teuing lah, menit ka mah?” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon

Terkini

Terpopuler