Sabulangbentor: Najan Usum Pulitik, Mutasi Ulah Dipulitisir

- 25 Juli 2023, 17:44 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Aya kesebutna ayeuna teh keur usum pulitik, cenah eta ge. Pedah we moal lila deui rek aya pilihan, ti mimiti pilihan RT, tepi ka pilihan nu leuwih luhur.

Upamana bae pilihan wakil rayat atawa pilihan bapana rayat, naha di tingkat lokal, regional jeung saterusna.

Atuda budak angon ge arapaleun, endi anu sakuduna ditempatkeun dina hiji jabatan anu luyu jeung kompetensina, latar belakang disiplin elmuna jeung sajabana.

Baca Juga: Calon Peserta Pilkades di Kuningan Berkurang 4 Orang, Ini Penyebabnya

Da nembrak atuh, rayat teh teu pecak ieuh. Ngan nya kitu, dina geprakna hasil tina eta mutasi rea nu teu sapagodos luyu jeung kahayang rahayat.

“Sabagian gede, anu dimutasi jeung dipromosi dumasar kana sahwat pulitik luyu jeungkahayang anu boga lalakon, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Kunaon Mamang ngabahas sual mutasi sareng politik, tara-tara tisasari,” cek Si Otong.

Baca Juga: Porprov XIV Jabar Dinilai Gagal, Ketua KONI Kuningan Tantang Pakai Atlet Binaan Sendiri

“Atuh heueuh, ari dina pidato mutasi atawa promosi, baruk teh demi penyegaran kalawan luyu jeung kabutuhan organisasi pamarentahan.

Mahade teu ngomong kitu-kitu acan, eta mah ukur tamba bau sungut, cek paribasana,” omong Mang Suadma.

“Abdi ge kantos mireng dumeh mutasi atanapi rotasi jabatan teh hasil pertimbangan anu mateng tur dumasar kana putusan tim anu kedah dipertanggungjawabkeun,” walon Si Otong.

Baca Juga: Prabowo Subianto Jadi Dambaan 2 Srikandi Kuningan

“Heueuh kaula ge ngadenge, ngan nya kitu dina geprakna mah kumaha cek bandar wae lain?” tanya Mang Suadma.

“Duka atuh Mang, da abdi mah teu acan dugi kadinya. Eta mah urusan kawenangan nu gaduh kakawasaan. Abdi mah jalmi (pagawe alit) kantun ngararaoskeun we tina dampak mutasi teh,” cek Si Otong.

“Punten, Mamang kedah uninga. Apanan ieu teh taun politik, tangtos sagala rupina dumasar kana pertimbagan politik,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Sebelum Pilkades Serentak, 5 Kades di Kuningan Meninggal Dunia

“Cek nyaneh kitu soteh, rayat mah teu butuh pulutak-pulitik, peletak-paletok, tapi hayang boga pejabat anu mancen di paparentahan teh mibanda kompetensi luyu jeung kabisana kalawan propesional.

Masing naon bae alesanana da anu ngarasakeun mah rayat. Kaula mah teu ngarti Tong, ari ngagusar-geser jabatan keur kapentingan saha?.

Lamun sabagian gede ukur keur kapentingan pulitis nya moal campleng dina ngurus gawena oge sabab lain hayang kapake ku rayat, tapi ku bos.

Baca Juga: Pengurus KONI Kuningan Periode 2023-2027 Akan Dilantik, Ini Daftar Lengkap Pengurusnya

Tapi lamun dumasar kana kapentingan teknis (lain pulitis) bakal aya karasana ka masyarakat.

Apanan ari maranehanana teh digajih ku duit rayat, piraku ari gawe keur ngaloloh kahayang dunungan?.

Heug-heug bae dina urusan mutasi jeung prosmosi dumasar kana kepentingan pulitik, tapi persentaseuna ulah gede teuing kana urusan pulitis tapi sabagian gede heulakeun urusan teknis luyu jeung kahayang sakumna rahayat.

Najan kiwari keur usum pulitik, kahayang Mamang mah sagala rupana ulah dipulitisir.

Da karasa atuh milampah prohram dumasar kana kapentingan pulitis mah, hambar karasana oge tur teu matak mawa mangpaat kalawan barokah.

Anu puguh mah tambah menit jeung pabaliut, daek kasep...., ka mah!” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

 

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah